BANJIR GETIH DI DARMAPATIH

BANJIR GETIH DI DARMAPATIH
BANJIR GETIH DI DARMAPATIH, episode 52


__ADS_3

BANJIR GETIH DI DARMAPATIH


(52)


Pada maksa pikeun ngeusian rohangan pribadi tayohna mah, samulangna nepungan dua naga téh, Jang Aji teu muru ka pangreureuhan Jang Ukun ari ayeuna mah, tapi asup ka hiji rohangan anu hadé sarta lalega. Ditingaki tina pakasna ogé pohara lengkepna.


Teu langsung muru pangkéng, Jang Aji mah malah gék, dina korsi, ngadon ngajejentul semu hulang-huleng siga keur aya nu dipikran. Tapi teu lila kituna téh, sabab kaburu kadéngé aya sora léngkah suku anu mingkin lila mingkin ngadeukeutan, sarta antukna mah disusul ku sora anu keketrok kana panto, dibarengan ku uluk salam. Gancang baé Jang cengkat, sarta anu saterusna mah ngojéngkang rék mangmukaeun panto. Teu kungsi tatanya heula saha-sahana anu cikénéh uluk salam téh, tayohna mah tina sorana ogé Jang Aji mah geus apaleun pisan.


"Teu acan kulem, Ki?" tanya Jang Aji sanggeusna mukakeun panto, ka saurang aki-aki anu keur ngajanteng deukeut lawang, anu tétéla geuning Ki Cakra.


"Teu aya pitunduheun pisan, Dén. Punten, kawagel teu ieu téh?" Ki Cakra mingkin ajrih baé katempona téh.


"Ah henteu, Ki. Kaleresan abdi ogé sesah reup saparantosna digolérkeun mah. Mangga atuh ka lebet!"


Ki Cakra ukur unggeuk, sarta anu saterusna mah gancang baé nuturkeun Jang Aji. Gék, duanana pahareup-pahareup dina korsi.


"Naha leres, perkawis Batununggal anu badé nyerang ka Darmapatih téh, Dén?" Kalayan teu kungsi basa-basi heula, langsung baé Ki Cakra nepikeun kapanasaranana.


"Saur abdi ogé, bilih teu percanten mah kirim utusan baé kanggo nalungtik ka Batununggal!"


"Sanés teu peranten, Dén. Mung asa hémeng wé, naon margina pangna pihak Batunggal bet janten nyerang Darmapatih téh? Ari perkawis utusan kanggo nalungtik ka Batununggal mah, Prabu Ungkara ogé parantos ngutus Bah Goncrang sareng Ki Patih."


"Ngutus Bah Goncrang? Hawatos atuh, tatu dina dadana ogé teu acan damang kalayan sampurna!"


"Kapalayna éta mah, Dén, da kawitna mah Prabu Ungkara mah mung ngutus Ki Patih wungkul. Bah Goncrangna wé éta mah, pajar téh hoyong saénggalna babakti ka Trisula Emas, margi Bah Goncrang sareng istrina téh ngaraos kahutangan nyawa ku Radén anu aya di pihak ieu karajaan."


Jang Aji mah ngan ukur unggut-unggutan mangsa ngadéngé keterangan ti Ki Cakra anu samodél kitu téh.


"Dupi pihak Batunggal, naon margina dugi ka badé nyerang Darmpatih téh?" Ki Cakra ngalungkeun deui pananya anu sarua, anu saméméhna can meunang jawaban ti nu keur diajak nyarita ku dirina.


Sanggeus ngarénghap rada jero, barabat wéh Jang Aji nyaritakeun itu-ieuna. Ki Cakra mah nepi ka gogodeg kalayan teuteup jeung paromanna anu kebek ku kareueus tur pohara katajina, mangsa Jang Aji cacarita, yén dirina geus ngabéjakeun perkara anu sabenerna ngeunaan siasat licikna Darmpatih anu rék ngamangpaatkeun Batununggal pikeun ngagempur Trisula Emas, sarta sakaligus ngabéjakeun perkara kasarakahan raja anyar Darmapatih, anu nepi ka téga numpes raja-raja nu saméméhna.


"Hmm, saé pisan, Radén!" ceuk Ki Cakra, saréngséna Jang Aji cacarita.


"Supados teu ripuh teuing ka urangna wé, Ki. Sajabi ti éta, pan urang ogé janten langkung laluasa enggoning ngantosan heula ngahijina pasukan ti karajaan-karajaan alit."


"Leres pisan, Dén. Nanging rupina, kanggo kapayunna ogé pihak urang téh kedah langkung ati-ati. Margi, tina hasil peperangan antawis Batununggal sareng Darmaptih téh, sing saha baé anu unggul, tangtosna ogé janten ngawasa dua karajaan ageung. Anu hartosna, saréngséna perang téh, kakuatan Batununggal sareng Darmapatih bakal ngahiji, dipingpin ku raja anu unggul dina peperangan."


"Tos pasti perkawis éta mah, Ki. Nanging, dina mangsa Darmapatih sareng Batununggal parantos ngahiji, tujuh karajaan alit ogé parantos leres-leres ngahiji dina kapamingpinan Trisula Emas. Rupina, janten saimbang wé ari tina jumlah prajuritna mah."


"Perkawis prajurit ti golongan manusana mah mémang saimbang, Dén. Nanging, ari jumlah prajurit ti golongan Jinna mah tetep aya di sahandapeun pihak urang téh, da ti karajaan-karajaan alit mah teu aya anu kagungan pasukan jin."


"Teu kedah salempang perkawis éta mah, Ki. Ku abdi ogé parantos diémutan, kalayan dibeuweung diutahkeun heula. Komo ayeuna mah di pihak urang téh aya dua naga sareng Nyimas Pandani."


"Nyimas Pandani..., kumaha maksadna ieu téh, Dén?" Ki Cakra nepi ka kurang-kerung.


Teu langsung némbalan, Jang Aji mah malah ngusiwel, ngaluarkeun inten kelir héjo tina jeroeun bajuna. Sok, ditunda dina méja. Ari Ki Cakra mah ngan ukur kurang-kerung deui baé alatan ngarti kana maksud Jang Aji.


"Éta inten téh kakuatan Nyimas Pandani anu disimpen dina naga téa, Ki." Jang Aji pohara pisan dariana.


"Janten, éta naga téh tos tiasa dibébaskeun kalayan slamet?"


"Alhamdulillah."


"Masya Alloh....! Kumaha carana, Dén?"


"Ku ieu." Jang Aji némbongkeun kangkalung anu keur dipakéna."


"Gusti...!" Ki Cakra mingkin molohok deui baé.


"Tah, ayeuna mah éta inten cepeng ku Aki, kanggo ngamangpaatkeun Nyimas Pandani."

__ADS_1


"Ngamangpaatkeun kumaha?" Ki Cakra mah kurang-kerung deui baé.


"Hehehe.... Ah, Aki mah abong tos sepuh! Pan éta téh kakuatanana Nyimas Pandani. Saupami éta inten diancurkeun, mangka Nyimas Pandani ogé baris ancur."


"Oh..., muhun ngartos ayeuna mah, Dén, ngartos!" Ki Cakra nyéréngéh unggut-unggutan, dibarengan ku nepakan tarangna sorangan.


Jang Aji mah ngan ukur sura-seuri nempo pamolah guruna anu samodél kitu téh.


"Janten..., nyepeng ieu inten téh badé dipercantenkeun ka Aki baé?"


"Muhun, Ki. Abdi mah percanten pisan ka Aki. Kantun milarian Nyimas Pandanina wé ayeuna mah, kanggo dimangpaatkeun enggoning ngabantos ka pihak urang."


"Siap. Ayeuna kénéh Aki badé miang, Dén!"


"Atuh iraha deui wé, da ayeuna mah tos wengi pisan!"


"Ah, hoyong saénggalna, Dén. Tapi..., nambut nagana. Tos ti kapungkur Aki mah hoyong tumpak naga téh!" Ki Cakra rada surangah-séréngéh.


"Pan aya dua. Mangga wé naga anu kawitna ti Nyimas Pandani mah ku Aki!"


"Wah..., asik atuh, Dén! Nanging, kumaha nyalukanana, da Aki mah teu terang?"


"Sami baé ku ieu ogé. Nuju niupna bari sebat namina dina lebet manah. Bangkor!" Jang Aji ngasongkeun hatong tulangna.


"Oh, nami naga anu Radén téh Si Bangkor? Nanging pan, ari Aki mah badé nganggo nagana ohé anu tilas Si Pandani téa!"


"Ayeuna mah tos kikieuan Si Bangkor sareng Si Liukna ogé, Ki. Janten, bakal duanana kasambat ku nyalukan Si Bangkorna wungkul ogé," témbal Jang Aji, kituna téh bari rada surangah-séréngéh ngadu-ngadu tungtung ramona anu dicomotkeun.


"Beuh..., dasar naga teu uyahan!" Ki Cakra gogodeg bari nyéréngéh.


Jang Aji ogé jadi pipilueun nyéréngéh deui. Ari Ki Cakra, sanggeus ngabebeskeun hatong jeung inten mah, kebat baé amitan, sarta semu gura-giru ninggalkeun éta rohangan, siga anu geus teu sabar hayang geura ngasaan tumpak naga.


Jorélat..., jleng jleng jleng...!


"Bismillahirrohmaanirrohiim...."


Kalayan dimimitian ku Bismillah, antukan mah Ki Cakra niup éta hatong, nepi ka ngaluarkeun sora anu pohara ngajelengéngna, anu tangtuna ogé bari dibarengan ku nyambat Si Bangkor dina jeroeun haténa. Simpé sanggeus Ki Cakra eureun niup éta hatongna mah, ngan ukur kadéngé sora jangkrik jeung cihcir anu teu eureun disarada.


Hrrrakh..., hrrrgh...!


Sanggeus lumayan lila, antukna mah kadéngé gerengna sora naga di awang-awang. Ki Cakra surangah-séréngéh bari tatanggahan.


Séot..., suruwuk..., clé!


Dua naga méh bareng nyirorot, sarta anu saterusna mah kalayan siga anu pohara hampangeunana napakeun sukuna kana lemah, persis pisan di hareupeun hareupeun Ki Cakra. Pikeun sakedapan mah Si Liuk jeung Si Bangkor ngan ukur silihrérét bari kurang-kerung.


"Naha bet aki-aki péot geuning ieu mah anu nyalukan téh?" Si Liuk kurang-kerung neuteup Si Bangkor.


"Sing sopan, bebel. Kieu-kieu ogé kaula téh Patih satiana Prabu Siloka Wicakra!" Ki Cakra langsung nyentak bari nepakan dada.


"Hmm, terus..., rék naon pangna nyalukan kaula, jeung naha éta hatong bet aya dina cekelan anjeun?" Teuteup Si Bangkor pohara seukeutna.


"Manéh, anteur kaula ka Darmapatih!" Ki Cakra nunjuk ka Si Liuk.


"Rék nanahaon ka Darmapatih? Barina ogé, rék guruna, rék bapana, atawa karuhunna Radén Aji, kaula mah teu hayang nurut ari euweuh paréntah langsung ti Radén Aji mah!" témbal Si Liuk pohara tandesna.


"Éh, dasar naga mantangul. Kapan ieu ogé, kaula téh meunang paréntah ti Radén Aji!"


"Embung. Pokona mah embung lamun taya paréntah langsung ti Radén Aji mah!"


Jorélat..., jleng jleng jleng...!

__ADS_1


Keur kitu aya jirim anu jojorélatan ka éta patempatan, sarta anu saterusna mah ngajega di digigireun Ki Cakra. Tétéla geuning anu datang téh taya lian Jang Aji.


"Radén, naha bener ieu aki-aki téh meunang paréntah ti Radén?" Si Bangkor neuteup Jang Aji.


"Enya. Tapi maranéh tong calutak. Ieu téh Ki Cakra, guru kaula. Anjeun duaan tong mungpang kana paréntah anjeunna!" témbal Jang Aji pohara tandesna.


"Oh. Hampura atuh, Radén. Heug, ari geus aya paréntah langsung ti Radén Aji mah kaula ogé rék turut tumut! Ari kitu, aya maksud naon ka Darmapatih téh?" ceuk Si Liuk, kituna téh bari rut-rét ka Jang Aji jeung ka Ki Cakra.


Rét, Jang Aji ka Ki Cakra. Anu dirérétna mah ngan ukur unggeuk, sarta anu saterusna mah barabat baé nyaritakeun pamaksudanana.


"Hahaha.... Hadé éta siasat téh, Radén!"


"Bener, alus pisan, Dén!"


Si Liuk jeung Si Bangkor langsung sapuk baé kana siasatna Jang Aji anu dicaritakeun ku Ki Cakra téh.


"Enya. Liuk..., jung, ayeuna mah anteur Ki Cakra ka Darmapatih!"


"Siap, Radén!" Si Liuk haget nyanggupan.


"Kaula ogé hayang milu, Radén!" Si Bangkor nyelengkeung.


"Kop téh teuing!"


Si Liuk jeung Si Bangkor silihrérét siga nu bungaheun pisan sanggeusna diidinan ku Jang Aji téh.


"Hayu, Ki Cakra!" ceuk Si Liuk siga anu geus teu sabar.


Jleng!


Teu kungsi ngadagoan diajak dua kali, langsung baé Ki Cakra ngagajleng kana punduk Si Liuk anu geus depa.


Hrrrakh...!


Hrrgh...!


Sangeusna amitan ka Jang Aji mah, gancang baé Si Liuk jeung Si Bangkor patingselepung ninggalkeun ninggalkeun éta patempatan. Ari Jang Aji, pikeun sababaraha lilana mah ngan ukur ngajengjen neuteup dua naga, nepi ka ngilesna dilegleg poékna kaayaan peuting dina mangsa harita.


Sanggeusna dua naga teu katempo mah, kebat baé Jang Aji ngaléngkahkeun sukuna muru ka wangunan karaton. Tapi, karék mah meunang sababaraha léngkah, reg, Jang Aji ngarandeg deui, sabab di awang-awang, lapat-lapat katempo aya anu patingsuruwuk, sarta mingkin lila mingkin ngadeukeutan. Mingkin deukeut, mingkin deukeut, antukna mah sidik, geuning anu patingsuruwuk téh taya lian dua ékék anu ditumpakan ku Ki Patih jeung ku Bah Goncrang.


Séot..., séot...!


Dua ékék méh paheula-heula turun ka alun-alun, persis pisan di hareupeun Jang Aji. Saturunna tina tonggong ékék téh, kebat baé Ki Patih jeung Bah Goncrang nyalampeurkeun ka Jang Aji. Ari dua ékék mah langsung lus-les teuing ka mana.


"Nuju naon, Dén..., teu acan kulem?" tanya Ki Patih pohara ajrihna.


"Resep ningal béntang wé, mani éndah. Dupi Ki Patih sareng Apa, parantos ti mana?" témbal Jang Aji, api-api teu nyaho.


"Apa sareng Ki Patih téh parantos nalungtik kaayaan di Batununggal, Dén." Bah Goncrang miheulaan némbalan.


"Oh. Kumaha hasilna?" Jang Aji rut-rét k Ki Patih jeung ka Bah Goncrang.


"Leres pisan, Dén. Batununggal téh badé nyerang ka Darmapatih, miangna énjing pasusubuh. Rébuan prajuritna ogé parantos sayaga di alun-alun karaton. Rupina mah ngerahkeun kakuatan spinuhna, da jumlah prajuritna ogé pohara seueurna!" témbal Ki Patih, siga anu embung kapiheulaan ku Bah Goncrang.


Jang Aji mah ngan ukur unggut-unggutan.


"Upami teu aya deui kaperyogian mah, abdi badé saénggalna laporan ka Kangjeng Prabu, Dén!" Ki Patih amitan.


"Oh, muhun..., mangga, mangga!" témbal Jang Aji kalayan rengkuh.


Geus kitu mah kebat baé Ki Patih jeung Bah Goncrang ninggalkeun Jang Aji, anu malah ngajengjen bari unggut-unggutan.

__ADS_1


Hanca.


Wilujeng Boboran Saum ka sadayana. Minal adizin walfaidizin, neda dihapunten lahir sinareng batin.


__ADS_2