
BANJIR GETIH DI DARMAPATIH
(42)
Angin leutik ngahiliwir, nebarkeun hawa tiis dina mentrangna mangsa beurang dina poéan anu anyar. Di hiji tempat, di antara upluk-aplak tur ngémplohna pasawahan, saurang jajaka keur angka-ungku dodongkoan, meresihan sarupaning jujukutan anu jaradi dina unggal sela-sela tangkal paré anu geus moal lila deui rék karembangan.
Jang Imron geuning éta jajaka téh, saurang nonoman anu kungsi sosobatan jeung Jang Aji dina mangsa anu katukang-tukang. Pohara suhudna katempona téh Jang Imron mah enggoning baranggawéna téh, siga anu teu miroséa kana morérétna panon poé anu geus lempeng jeung embun-embunan.
"Sujang.... Ngiuhan heula, panas!" gorowokna saurang lalaki ti hiji saung, anu tétéla geuning Mang Usup, bapana Jang Imron.
"Pameng, Pa. Sakedik deui!" témbal Jang Imron sarua ngagorowokna.
"Lah, isukan deui wé éta mah. Yeuh tempo, Bapa dibéré dawegan ku Mang Oha!" Bapa Jang Imron némbongkeun dawegan anu ukuranana lumayan gedé.
Sanggeusna ditémbongan dawegan mah, kakarék Jang Imron daékeun ngeureunan pagawéanana, sarta anu saterusna mah gura-giru baé nyampeurkeun bapana. Saméméh asup ka saung, Jang Imron kokosok heula dina pancuran, sakadar malidkeun leutak anu jareblog méh semet tuurna.
"Ageung geuning, Pa," ceuk Jang Imron mangsa geus aya di jero saung, kituna téh bari nelek-nelek dawegan anu keur dibeulah ku bapana.
"Enya. Tah, caina ogé loba. Amis deuih!" témbal Mang Usup, ditungtungan ku nunjuk kana cai dawegan anu tétéla geus diwadahan.
Teu kungsi ngomong deui, sanggeusna diuk mah ngan leguk wéh Jang Imron nohtor cai dawegan tina wadahna. Siga nu seger pisan katempona téh.
"Nu urang mah can baruahan waé geuning kalapa téh, Pa," ceuk Jang Imron, dina sela-sela nguyup cai daweganana.
"Atuh da can waktuna. Laleutik kénéh tangkalna ogé sagedé sakitu mah. Tapi nu itu mah geus mimiti bijil kembang!" témbal Mang Usup, dibarengan ku nunjuk kana hiji tangkal kalapa.
"Éh, muhun geuning, Pa. Nembé apal abdi mah!" Paroman Jang Imron siga nu bungah pisan.
"Matak ogé kudu tumpa-tempo atuh!" témpasna Mang Usup, kituna téh bari ngasongkeun dawegan anu geus dibeulah.
Geus rada aya dagingan dawegan téh, ngan tina rupana ogé katempona téh dagingna masih kénéh hipu, éstuning keur ngeungeunahna pisan.
"Kunaon?" Mang Usup kurang-kerung, mangsa nempo Jang Imron anu malah semu hulang-huleng mangsa keur nyokélan daging dawegan téh.
"Eu..., émut ka Radén Aji, Pa. Resepeun pisan kana dawegan téh. Sono abdi mah, tos lami teu tepang," témbal Jang Imron siga anu jararauh panineungan. Kituna téh ngabasakeun radén ari ayeuna mah. Tayohna, ari lila-lila ku lila mah Jang Imron ogé jadi nyaho, saha Jang Aji nu sabenerna.
"Nya do'akeun wé, sing séhat tur aya dina kajayaan. Rék kumaha deui, da ari ayeuna mah Radén Ajina ogé geus jadi jelema penting di Karajaan Trisula Emas. Moal bisa sangeunahna panggih najan deukeut ogé ari geus jadi jelema penting di karaton mah. Angguran kudu sukur, hidep mah kungsi sosobatan jeung Radén Aji anu sakitu bageurna. Saréatna ku pitulungna Dén Aji, geuning ayeuna mah urang jadi boga sawah, boga kebon, boga ingon-ingon, imah bisa kaoméan kalayan weweg sarta hadé. Jeung nu utamana, Ema hidep ogé jadi jagjag deui sanggeusna dibéré ubar ku Radén Aji téh," témpasna Mang Usup, anu tayohna, ari ku lila-lila mah Jang Imron ogé jadi balaka ngeunaan ti mana-manana duit anu katampa ku dirina.
Di sagigireun éta, tétéla geuning, perkara Jang Aji anu kiwari nganjrek di Karajaan Trisula Emas ogé, béjana gancang pisan sumebar ka jalma réa.
"Muhun, Pa. Nanging abdi téh melang. Sok sanaos kanggo samentawis mah Trisula Emas téh tiasa ngungkulan pasukan karajaan urang dina perang anu kamari, nanging rada cangcaya abdi téh ari kanggo anu ka payunna mah. Muhun, maksad téh saupamina pihak Darmapatih ngayakeun serangan susulan kalayan ngeraheun kakuatan anu sapinuhna mah, da tos pasti pihak Trisula Emas téh bakal kawalahan."
"Enya, geus pasti moal sanggup ngayonan, da ari Trisula Emas mah ngan ukur karajaan leutik. Komo mun seug pihak Darmapatih nepi ka ménta bantuan ka Karajaan Batununggal mah. Tapi sok sanajan kitu, ku ayana peperangan anu kamari téh, sahanteuna jadi ngurangan jalma jahat samodél Radén Anjana."
"Ssst.... Teu kénging tarik teuing, Pa. Bilih aya cakcak bodas!"
"Aéh enya, poho! Sok ngageremet atuh da ari ras inget kana talajak goréngna téh. Matak, asa bungah sabenerna mah mangsa ngadéngé Radén Anjana anu perlaya di médan perang téh. Ngan ayeuna, anu jadi gagantina téh geuning Prabu Purwasesa deuih, jelema taya ras-rasan pisan éta mah. Buktina wé, paraprajurit anu taratuna parna balukar tina perang téh, cenah mah malah ditaritah mulang, teu kungsi diubaran heula ku pihak karaton." Mang Usup rada dilaunkeun ayeuna mah nyaritana téh.
"Muhun, Pa, mani taya anu sahulueun pisan."
"Geus lah. Sok geura béakeun daweganana, urang balik. Tuh, Kang Itang ogé geus mulang!" témpas Mang Usup, ditungtungan ku nunjuk saurang lalaki anu keur lumampah bari nungtun mundingna.
Teu ngomong deui, geus kitu mah Jang Imron nyelebek ngadahar dawegan, ditempokeun ku nu jadi bapana.
"Agéhan atuh, Im!" ceuk hiji sora.
Gebeg!
Jang Imron jeung Mang Usup pohara ngagbegna mangsa ngadéngé éta sora téh. Sabab, éta sora téh geus teu bireuk deui ari pikeun pangdéngé maranéhanana mah. Mingkin ngagebeg deui waé Jang Imron jeung nu jadi bapana sanggeus ngalieuk kana datangna sora. Sabab tétéla di tukangeunana, kasampak geus aya Jang Aji anu keur ngajanteng bari sura-seuri ka dirina. Teu jauh di gigireun Jang Aji, domba jalu anu buluna camakplak bodas, ngasin semu tatanggahan.
"Aji....! Éh, Radén?" Jang Imron pohara curinghakna.
Jang Aji mah ngan ukur unggeuk dibarengan ku sura-seuri, kituna téh bari ngajaplangkeun dua leungeunna, minangka isarat sangkan Jang Imron ngarangkul dirina. Teu kungsi ngomong deui, ngan gabrug wéh Jang Imron ngarangkul Jang Aji nu jadi sobatna. Mangsa Jang Ajj sura-seuri bari ngusapan tonggong sobatna, Jang Imron mah nepi ka ngagukguk bari mingkin tipepereket mageuhan rangkulanana.
Lumayan lila Jang Imron ngagukguk dina rangkulan hiji sobat anu kacida dipakosono ku dirina téh. Sok sanajan teu nepi ka ngagukguk, tapi dina panon Jang Aji ogé aya wé anu ngalintung hérang mah. Ari Mang Usup, siga anu teu wani ngaganggu ka nu keur silihrangkul, malah mempokeun bari unggut-unggutan, diselang ku nyusutan cimata anu dumadakan merebey, kalayan teu puguh anu jadi musababna.
"Nyanggakeun sembah pangbaktos, Radén," ceuk Mang Usup, mangsa Jang Aji geus leupas tina rangkulan anakna, kituna téh dibarengan ku rengkuh kalayan pohara pisan ajrihna.
"Hapunten, abdi parantos kumawantun, Radén." Jang Imron ogé antukna mah pipilieun rengkuh nurutan bapana.
"Teu kedah kikituan. Mending ogé siga biasa wé, da sanés di karaton ieuh!" Jang Aji mah siga nu embungeun dikitu-kitu ku Jang Imron jeung ku nu jadi bapana téh.
__ADS_1
"Teu wararantun teuing ari parantos terang perkawis Radén anu saleresna mah."
Jang Aji mah teu bisa kukumaha deui, sok sanajan ari kahayangna mah Jang Imron jeung bapana téh biasa baé siga baheula.
"Utih, manéh cageur?" Jang Imron dongko ngusapan sirah domba.
Si Utih ngabérélé sababaraha kali.
"Dén, naha teu bahaya amengan ka dieu, pan Radén téh dimusuhan pisan ku Darmapatih?" tanya Jang Imron dina sajeroning ngusapan sirah domba.
"Lamun kapanggih mah nya bahaya, Im. Tapi da kuring mah boga jalan rusiah."
"Jalan rusiah kumaha, Dén?" Mang Usup siga nu panasaran.
"Sanés ogé rusiah atuh upami diwartoskeun mah, Mang!" témbal Jang Aji ditungtungan ku sura-seuri.
"Hahaha.... Leres ogé, Dén!" Mang Usup siga anu kagugu.
"Eu..., ngasaan itu, nya, Im. Siga ngeunah!" Jang Aji rut-rét ka Jang Imron jeung kana sésa dawegan, siga anu hayang méngkolkeun wangkongan.
"Ih, atuh éta mah tilas, Dén. Wios ku Mamang urang pangnyuhunkeunkeun ari palaya mah!" Mang Usup gancang nyelengkeung.
"Lah, éta ogé cekap, Mang!" témbal Jang Aji, kituna téh bari gancang hanjat kana saung.
Teu diengké-engké deui, geus kitu mah Jang Aji nyelebek ngadahar sésa dawegan nepi ka béakna, ditarempokeun ku Jang Imron jeung ku nu jadi bapana. Siga anu pinuh kareueus pisan tina paneuteup Jang Imron jeung nu jadi bapana mah, sabab tétéla, sok sanajan Jang Aji geus kaasup golongan ménak, tapi katempona téh basajan baé, nepi ka mangsa ngadahar dawegan sésa Jang imron nu jadi sobatna téh, saeutik ogé teu némbongkeun kageuleuh, malah nyelebek siga nu ngeunah pisan.
"Ah, seger...! Oh enya, ari ayeuna sok ngala suluh kénéh, Im?" Jang Ji ngarérét ka nu jadi sobatna.
"Osok. Mung tara diical ari ayeuna mah. Kanggo nyalira wé."
"Sibuk ka sawah sareng ka kebon waé ayeuna mah pun anak téh, Dén. Ieu ogé sawah Si Sujang. Kebonna mah di pasir!" celengkeungna Mang Usup dibarengan ku tutunjuk.
"Wah, hébat, Im!"
"Pan ieu ogé berkat pitulung ti Radén téa. Hatur nuhun pisan kana sagalarupi kasaéanana, Dén!" Jang Imron siga anu pohara ajrihna.
"Sumuhun, Radén, hatur nuhun pisan. Indungna Si Sujang ogé parantos jagjag ayeuna mah." Mang Usup gancang pipilueun nganuhunkeun.
"Muhun. Eu..., dupi sepuh Radén, ayeuna téh linggih di Trisula Emas?"
"Muhun," témbal Jang Aji, singget.
"Saé upami kitu mah, Déh. Trisula Emas mah rajana ogé bageur, mikanyaah ka rahayatna."
"Alhamdulillah, Mang."
Aruplek pisan Jang Aji jeung Jang Imron katut Mang Usup ngawarangkongna di éta saung téh. Sagala diguar sagala diwangkongkeun, kaasup perkara kahadéan gegedén Karajaan Trisula Emas anu kawentar ku kanyaahna ka nu jadi rahayatna.
Ari di karajaan anu keur jadi salah sahiji bahan wangkongan antara Jang Aji jeung Mang Usup katut Jang Imron, harita téh teu jauh béda, di rohangan utama karaton Trisula Emas, Prabu Ungkara, Ki Patih Sampala, Ki Cakra sarta anu séjénna, keur ngariung bari ngawangkong aruplek naker.
"Na ka mana deui atuh Radén Aji téh?" Prabu Ungakara rut-rét ka nu keur araya di dinya.
"Duka, Kangjeng Prabu. Ditaroskeun ka Jang Ukun ogé, saurna téh teu wawartos heula." Ki Patih Sampala anu némbalan.
"Sok pimelangeun waé Radén Aji mah!"
"Teu kedah melang, Kangjeng Prabu, da Radén Aji mah pangaweruhna ogé tos langkung ti urang. Karesel wé panginten ari ulukutek di karaton waé mah." Ki Cakra nyelengkeung.
"Leres pisan ari kitu téa mah, Ki Patih Agung. Nanging, sok aya wé ari kamelang mah. Duka kunaon, asa bet langsung nyaah wé da abdi mah ka Radén Aji téh."
"Pikaresepeun atuh da Radén Aji mah. Nya kasép siga nu ngarang, nya sopan, nya teu adigung. Ka saha waé teu weléh handap asor." Ki Patih Sampala nyelengkeung deui.
Saréréa unggut-unggutan, tandaning ngabenerkeun kana kekecapan Ki Sampala anu cikénéh kedal.
Keur kitu, panto utama éta roangan aya nu muka, disusul ku patingkurunyungna sababaraha urang jalma.
"Tah, geuning tos sarumping!" Ki Cakra siga nu bungah pisan mangsa nempo anu patingkurunyung téh, anu tétéla geuning Nyimas wening jeung indungna, katut Kang Atang jeung nu jadi pamajikanna.
"Nyanggakeun sembah pangabaktos, Kangjeng Prabu!" Kang Atang nyedok nyembah di hareupeun Prabu Ungakara.
"Enya. Saha téa anjeun téh?" Teuteup Prabu Ungkara pinuh ku wibawa.
__ADS_1
"Pan ieu téh ibu-ramana Radén Aji téa, Kakang Prabu!" Indungna Nyimas Wening gancang mangnémbalkeun.
"Masya Alloh.... Hapunten pisan atuh, Radén!" Prabu Ungkara siga nu reuwas.
Sanggeus nyaho saha sabenerna anu daratang, harita kénéh Prabu Ungkara maréntah ka anak jeung ka pamajikanna, sangkan sagancangna nitah parabadéga, pikeun ngajamu indung jeung bapa Jang Aji anu dianggap tamu agung ku dirina. Teu diengké-engké deui, kebat baé Nyimas Wening jeung indungna patingkoloyor ninggalkeun éta rohangan.
"Dupi Si Aji ka mana, Ki Cakra?" Sanggeusna diuk téh, anu pangheulana ditanyakeun ku Nyi Yati mah Jang Aji nu jadi anakna. Sono tayohna mah.
"Duka ka mana, Nyimas. Sok kuralas-kereles waé da Radén Aji mah." Ki Cakra jadi maké basa nu hadé ayeuna mah ka kolotna Jang Aji téh.
"Euh..., bubudakan téh!" Nyi Yati siga anu pohara kuciwana.
"Wios da engké ogé bakal mulih deui, Nyimas. Nuju karesel di karaton wé panginten."
Keur kitu, ngurunyung saurang badéga, anu gura-giru ngadeuheus ka Prabu Ungkara.
"Jamuan parantos siap, Kangjeng Prabu," ceuk éta badéga, anu tayohna mah jamuan pikeun ngabagéakeun kolotna Jang Aji téh geus disayagikeun ti anggalna.
Geus kitu mah gancang baé Prabu Ungakara ngajak Nyi Yati jeung Kang Atang ka rohangan pribadina. Ari Ki Cakra jeung nu séjénna mah arembungeun masing diajak bari satengah dipapaksa ogé, pajar téh warareg kénéh. Saléosna Parabu Ungkara jeung indung bapana Jang Aji, Ki Carka, Ki Patih Sampala jeung anu séjénna mah aruplek ngawangkong deui.
"Perkara wates karajaan, kumaha?" Ki Cakra ngarérét ka saurang aki-aki anu jadi prajuritna.
"Ratusan jin parantos ditugaskeun kanggo nalingakeun di unggal madhab, Ki Patih."
"Alus. Ari paraprajurit anu taratu kumaha, Ki Patih?" Paneuteup Ki Ckara pindah ka Ki Patih Sampala.
"Alhamdulilah, parantos ngawitan aya kamajengan."
"Nya sukur ari kitu mah. Perkara prajurit Darmapatih anu taratu mah, saupama geus...."
Ki Cakra teu kebat neruskeun omonganana, sabab kaburu aya anu mukakeun panto utama éta rohangan. Tétéla nu datang téh saurang prajurit Trisula Emas, anu ditutukeun ku dua prajurit anu béda saragamna.
"Siga prajurit Batununggal geuning ari tina dangdananana mah, Ki Patih," ceuk Ki Cakra, satengah tumanya ka Ki Patih Sampala.
"Leres pisan, Ki Patih Agung." Ki Patih Sampala ngabenerkeun.
"Rék naon, nya?"
"Duka."
Sanggeus dua prajurit anu tétéla geuning ti Karajaan Batununggal geus rengkuh di hareupeunana, gancang baé Ki Patih Sampala ngalungkeun pananya, "Aya kaperluan naon?"
"Ampun, Ki Patih. Abdi dipiwarang nyanggakeun ieu serat ku Prabu Dangdang!" témbal salah saurang prajurit, kituna téh dibarengan ku ngasongkeun gulungan kulit.
"Hmm, ké atuh dagoan, kaula rék ngabéjaan heula Kangjeng Prabu!" témbal Ki Patih, kalayan siga anu teu wani pikeun narima éta surat.
"Tong diganggu Kangjeng Prabu mah, karunya. Sok wé tarima, Ki Patih!" Ki Cakra nyelengkeung.
Sanggeus hulang-huleng heula sakeudeung, antukna mah Ki Patih Sampala daékeun narima éta surat.
"Bacakeun sing tarik, Ki Patih!" ceuk Ki Cakra deui.
Ki Patih Sampala ukur unggeuk, anu saterusna mah gura-giru baé mébérkeun gulungan surat.
"Karajaan anjeun geus kumawani ngarempak aturan, nyatana ngabogaan pasukan prajurit ti golongan jin. Ku sabab kitu, kaula maréntahkeun pikeun sagancangna ngabubarkeun éta pasukan. Lamun henteu, mangka Trisula Emas bakal narima akibatna. Raja Agung Batununggal, Prabu Dangdang." Kalayan tatag pisan Ki Patih Sampala maca éta surat.
Pikeun sajongjongan mah Ki Patih Sampala jeung kabéh abdi dalem anu keur aya di dinya, bati rungah-ringeuh sanggeusna nyaho kana eusina éta surat téh. Jung, Ki Cakra nangtung.
"Béjakeun ka raja andika. Karajaan Trisula Emas moal turut tumut sarta teu sieun kana acaman ti pihak Batununggal!" ceuk Ki Cakra kalayan pohara tandesna.
Boh dua prajurit utusan Batununggal, pon kitu deui Ki Patih Sampala jeung kabéh anu keur araya di dinya, pikeun sakedapan mah ngan ukur silihrérét jeung pada baturna.
"Sumangga ari kitu mah. Nanging, abdi téh hoyong terang heula, saha saleresn ari salira," ceuk salah saurang utusan Batununggal, dibarengan ku neuteup ka Ki Cakra.
"Béjakeun ka raja andika. Kaula Ki Patih Cakra, patih satiana Kangjeng Prabu Siloka Wicakra!" témbal Ki Cakra pohara tandesna.
Gebeg!
Dua prajurit utusan Batununggal pohara pisan ngagebegna mangsa ngadéngé kekecapan ti Ki Cakra anu samodél kitu téh. Sanggeus sakirana euweuh deui tanyakeuneun mah, langsung baé éta dua prajurit utusan Batununggal aramitan, sarta anu saterusna mah gura-giru ninggalkeun éta rohangan.
Hanca.
__ADS_1