BANJIR GETIH DI DARMAPATIH

BANJIR GETIH DI DARMAPATIH
BANJIR GETIH DI DARMAPATIH, episode 63


__ADS_3

BANJIR GETIH DI DARMAPATIH


(63)


Cunduk kana waktuna, ninggang kana mangsana, antukna datang poéan anu geus leuwih saratus taun dianti-anti ku Ki Cakra katut paraprajuritna, nyatana poéan pikeun ngarebut deui Darmapatih anu ayeuna geus dikawasa pihak Batununggal.


Dina wanci rebun-rebun kénéh, pasukan prajurit ti tujuh karajaan anu ngahiji, geus kumpul minuhan Alun-Alun Trisula Emas. Paraprjurit éstuning geus samakta ku pakarangna séwang-séwangan, sarta anu sawaréhna mah patingaracung enggoning ngélébét-ngélébét bandéra kaagungan ti unggal karajaanana. Rébuan prajurit jin geus darepa dina rupa-rupa wujudna, kasup Si Kumbay, Si Tangkar jeung nu lianna. Teu katempo aya pasukan kuda dina mangsa harita mah, da puguh inditna ogé rék tarumpak pasukan jin, sangkan teu lila teuing di jalanna.


Jang Aji, Nyi Manik, Nyimas Pandani ngariung dina hiji barisan, ari Ki Cakra jeung bangsa gegedén karajaan mah béda deui riunganana.


"Sagalarupina parantos siap, Ki Patih Agung!" ceuk Ki Patih Sampala, anu geus kukurilingan ngaroris itu-ieuna.


"Alus! Badé miang iraha, Kangjeng Prabu?" témbal Ki Cakra, ditungtungan ku ngarérét ka Prabu Ungkara.


"Ayeuna baé, Ki Patih Agung. Kapanan moal langsung kacandak sadayana paraprajuritna ogé."


"Mangga upami kitu mah, Kanjeng Prabu."


Rét, Ki Cakra ka Ki Patih Sampala jeung ka patih-patih ti karajaan anu séjénna. Anu dirérétna siga anu geus pohara surtina, gancang baé maréntahkeun rébuan prajurit anu rék indit tiheula, sangkan tarumpak jin anu ti tadi geus darepa. Geus di atur ti saméméhna tayohna mah, di antara rébuan prajurit téh teu kungsi parebut jin anu rék ditumpakanana, kabéh ogé siga anu geus nyaho kana bagéanana séwang-séwangan. Unggal jin ditumpakan ku duaan, aya ogé anu nepi ka tilu urang.


"Mangga, Kangjeng Prabu sareng anu sanésna ogé ti parayun!" Ki Cakra rut-rét ka Prabu Ungkara jeung ka raja-raja anu séjénna.


Teu talangké, geus kitu mah gancang baé saréréa patingkojéngkang, sarta anu saterusna mah patingkalacat kana tutumpakanana. Si Kumbay ditumpakan ku Prabu Ungkara, ari Si Tangkar mah mawa Raja ti Balarampa.


Gajleng..., selepung..., geleber..., belesat..., belesat..., belesat...!


"Hidup Trisula Emas...!


"Hidup...!"


"Hidup Balarampa...!"


"Hidup...!"


Antukna mah rébuan jin patingselepung patinggeleber, mawa Prabu Ungkara jeung nu séjénna, dianteur ku patingjorowokna satengah pasukan anu keur ngadagoan bagéanana.


Saarinditna Prabu Ungkara jeung satengah pasukanana, karérét ku Ki Cakra, aya anu ngaderengdeng nyampeurkeun ka Jang Aji, sarta anu saterusna mah rungkal-rangkul semu ogo, anu tétéla geuning Nyimas Wening, anak raja anu ngawasa Trisula Emas.


"Hmm, mani hésé dicarék pisan, abong tresna munggaran!" Ki Cakra nepi ka gogodeg, kituna téh dibarengan ku musam-mésem.


*****


Alam mingkin ray-rayan, panon poé mingkin nérékél nebarkeun cahya jeung hahaneutna. Dina mangsa panon poé keur meujeuhna genah dipaké moyan, lapat-lapat, katémbong ku Jang Aji jeung ku rébuan prajurina, di awang-awang aya anu patingsalebrut muru ka lebah dinya, anu tayohna mah rébuan prajurit jin anu rék néang deui satengah pasukan anu aya di pihakna.


"Tuh, geuning parantos sarumping deui, Ki Patih Agung!" Bah Goncrang tutunjuk ka awang-awang.


"Enya. Kumaha geus siap, Nyi Manik, Pandani?" Ki Cakra rut-rét ka nu diajak ngomongna.


"Siap pisan, Ki Cakra. Urang tumpurkeun Batununggal téh!" témbal Nyimas Pandani pohara tandesna.


Ki Cakra unggut-unggutan.


Suruwuk..., séot..., séot..., séot...!


Antukna mah rébuan prajurit jin patingsirorot ka alun-alun, pada neuteup ku satengah pasukan anu siga geus kareseleun ngadagoan.


"Ati-ati, nya, Kakang. Nitip Kanjeng Rama deuih!" Nyimas Wening ngeukeuweuk pigeulangan Jang Aji pinuh kamelang.


"Muhun, Nyimas. Neda pido'ana wé, nya."


"Kantenan, ku abdi dido'akeun pisan, Kakang. Sing saralamet sareng hasil pamaksadan."


"Aamiin. Nitip Ema sareng Bapa, nya!"


Nyimas Wening ukur unggeuk, bari mingkin mageuhan cekelanana kana pigeulangan leungeun anu jadi beubeuruh haténa.


"Dén..., hayu...!" jorowokna Ki Cakra, anu tétéla geus anjeucleu dina tonggong Si Tangkar nu keur ngawujud dina jirim heulang.


"Kakang badé miang. Doa'keun wé, nya!" Teuteup Jang Aji pohara deudeuhna.


Sok sanjan siga nu beurat, antukna mah Nyimas Wening ngaleupaskeun cekelanana. Gedig, geus kitu mah Jang Aji gura-giru muru ka Si Kumbay anu geus depa. Clak, kana tonggongna.


"Aji..., ati-ati...!" Tina bébénténgan, Nyi Yati jojorowokan pinuh kamelang.


Teu males ngajorowok, Jang Aji mah ngan ukur ngulang-ngulang leungeun katuhu ka indung bapana, sarta ka indungn Nyimas Wening anu sarua keur ngulang-ngulangkeun leungeun ka dirina.


Gajleng, gajleng..., selepung..., geleber...!


Antukna mah Si Kumbay jeung rébuan prajurit jin anu séjénna, patingselepung sarta patingsuruwuk minuhan awang-awang.


Mingkin lila, Jang Aji jeung pasukanana mingkin jauh ninggalkeun alun-alun Trisula Emas. Rébuan prajurit jin patingsalebrut pating patingsuruwuk, siga anu hayang paheula-heula.


"Susul Nyimas Pandani!" ceuk Jang Aji, kituna téh bari ngusapan sirah Si Kumbay.


Gaur..., suruwuk...!


Bareng pisan jeug gaurna, harita kénéh Si Kumbay nyusul ékék anu keur ditumpakan ku Nyimas Pandani.


"Tos leres-leres pulih kakiatanana, Nini?" tanya Jang Aji, sanggeusna hiberna Si Kumbay aya digigireun éta ékék.


"Ari sampurna sapertos pungkur mah moal, Dén. Nanging, sakumaha kaayaanana ogé, Nini mah tos ngabuleudkeun tékad kanggo bajoang enggoning gumati ka Radén!" témbal Nyimas Pandani pohara tandesna.


Teu langsung ngomong deui, gancang baé Jang Aji mah ngalaan kongkorongna.


"Nini kenal kana kangkalung ieu?" Jang Aji némbongkeun kongkorongna.


"Kangkalung Kakang Giripala?" Nyimas Pandani nepi ka pohara ngajenghokna.

__ADS_1


"Muhun. Anggo wé ku Nini. Tangtosna ogé ari Nini mah parantos uninga kana perkawis itu-ieuna!"


Teu kungsi ngadagoan jawaban ti Nyimas Pandani, langsung baé Jang Aji ngalungkeun kongkorongna.


Suruwuk...!


Geus kitu mah Si Kumbay anu ditumpakan ku Jang Aji, gancang baé ninggalkeun Nyimas Pandani.


"Dén..., nuhun pisan, Dén...!" Nyimas Pandani jojorowokan siga nu bungah pisan.


Jang Aji mah ngan ukur ngalieuk bari seuri, kituna téh dibarengan ku ngacungkeun jempol katuhuna. Ari Nyimas Pandani, geus kitu mah gancang baé maké éta kangkalung. Reup, matana dipeureumkeun.


Burinyay..., jleg!


Nyimas Pandani robah wujud jadi wanoja anu pohara geulisna. Tapi, teu dina pakéan anu némbongkeun orat siga tiheula ari ayeuna mah, pakéan héjo anu mungkus pangawakanana, éstuning nutup kalayan pohara bunina. Sok sanajan kitu, tetep baé matak betah pikeun jiwa lalaki anu nempona.


Belesat..., suruwuk...!


Siga anu hayang ngajajal kana kauatan anyarna, langsung baé Nyimas Pandani ngabelesat ninggalkeun tutumpakanana. Ki Cakra jeung nu séjénna mah nempo kitu téh ngan bati patingpolohok baé.


Dina mangsa Jang Aji jeung satengah pasukananana keur patingsalebrut di awang-awang, Prabu Dangdang mah harita téh keur anjeucleu dina punduk gajah, bari paneuteupna rut-rét ka rébuan prajurit anu geus ngajéngjréng di palataran alun-alun, anu jumlahna masih kénéh punjul batan pasukan Trisula Emas, sok sanajan geus ngahiji jeung karajaan-karajaan leutik anu séjénna. Pasukan gajah, pasukan kuda, ngajéngjréng pohara lobana, geus puguh ari paraprajurit jinna mah, jumlahna ogé aya kana tilu tikeleun ti pasukan jin pihak lawan.


Keur kitu, rentang-rentang katémbong aya dua urang prajurit anu nyampeurkeun. Tarumpak kuda.


"Abringan musuh parantos caket pisan ka médan perang, Kangjeng Prabu!" Salah saurang prajurit méré béwara.


"Hahahaha.... Alus. Ki Patih, hayu miang!" Prabu Ungkara ngarérét ka patihna.


Ki Patih ukur unggeuk. Rét, ka nu keur ngeukeuweuk tarompét gedé.


Tét térét tét tét tét tét tét tét...!


Tarompét perang disadakeun.


"Hidup Batununggal...!"


"Hidup...!"


"Hidup Batununggal...!"


"Hidup...!"


Bring, saréréa ninggalkeun éta alun-alun, dimimitian ku patingjorowok patingkeuleuweuh, awor jeung patingjéréhémna kuda jeung sora gajah. Sapanjang jalan nu kaliwatan, nepi ka mulek ku kekebul taneuh.


Sanggeus lumayan lila antarana, antukna mah Prabu Dangdang jeung pasukanana aranjog ka tungtung palataran anu rék dijadikeun médan perang. Di tungtung éta palataran, kasampak geus ngajéngjréng pasukan lawan.


"Har, naha kur saeutik pisan geuning, jeung mani euweuh anu tarumpak kuda-kuda acan deuih?" Prabu Dangdang rada kurang-kerung.


Rét, Ki Patih ka salah saurang abdi dalem anu anjeucleu dina tonggong kuda. Anu dirérét ngan ukur unggeuk siga anu geus pohara surtina.


Beretek...!


"Kumaha?" Ki Patih miheulaan ngalungkeun pananya.


"Saurna, upami mémang mibanda jiwa satria, antosan heula satengah pasukanana anu masih kénéh di perjalanan!" témbal éta abdi dalem.


"Hahahaha.... Heug. Keun, dagoan heula!" Prabu Dangdang nepi ka lelenggakan siga nu ngeunah pisan.


Barakatak...!


Ki Patih jeung anu séjénna ogé jadi pipilueun babarakatakan.


Sanggeus lumayan lila antarana, antukna mah di awang-awang ti pihak Trisula Emas, katémbong datang Nyimas Pandani, dituturkeun ku rébuan prajurit anu tarumpak jin.


Séot..., jleg jleg jleg jleg...!


Nyimas Pandani jeung rébuan parajurit anu séjénna, patingsirorot sarta anu saterusna mah narapakeun sukuna di tukangeun rébuan prajurit anu datangna leuwih tiheula.


Tét térét tét tét tét tét...!


Teu lila antaran, kadéngé sora tarompét ti pasukan Batununggal. Gancang pasukan Trisula Emas ogé niup tarompétna.


"Serang...!" Aya anu ngajorowok méré komando ti pihak Batununggal.


Belesat..., suruwuk...!


Pasukan jin ti pihak Batununggal méh bareng patingsuruwuk muru pasukan lawan.


Gajleng..., belesat..., belesat...!


Rébuan jin ti pasukan Trisula Emas ogé antukna mah patingbelesat mapag pasukan lawan.


Jleng jleng jleng jleng...!


Tanpa ngadagoan dikomando heula, Jang Aji, Nyimas Pandani, Ki Cakra jeung ratusan prajuritna anu geus aki-aki, patinggrajleng deui kana tongggong prajurit jin anu keur patingsalebrut rék mapag lawan.


"Hyak...!"


Nyimas Pandani ngebutkeun karémbongna anu geus diputer-puter sarta ngaluarkeun cahya héjo dina luhureun sirahna.


Swuk..., belesat..., jelegér..., beledag...!


Cahya héjo anu kaluar tina karémbong Nyimas Pandani, parat ngancur-ngancurkeun pihak musuh, nepi ka nimbulkeun sora anu pohara pisan tarikna.


"Héakh...!"


"Hiaat...!"

__ADS_1


Belesat..., belesat belesat belesat...!


Ratusan cahya ogé patingbelesat tina unggal dampal leungeun Jang Aji, Ki Cakra jeung ratusan prajurit anu geus aki-aki, ngagempur pasukan lawan anu mingkin lila mingkin ngadeukeutan.


Belesat belesat..., jelegér..., beledag...!


Ratusan jin pihak Batununggal langsung alancur dina sakali ngagempur.


Nempo kitu, Prabu Dangdang jeung pasukanana mah nepi ka pohara patingrarénjagna.


Séok...!


Geus badami ti anggalna sigana mah, sanggeusna deukeut pisan jeung pasukan musuh téh, méh bareng pasukan Jang Aji mah ngaléok muru ka hiji gugunungan. Nempo kitu, pasukan jin ti pihak Batununggal ogé gancang ngaberik.


Gelebug..., burinyay..., beledag..., jelegér...!


Teu lila antarana, di éta gugunungan kadéngé patingbeledagna sora anu pohara tarikna, awor jeung patingburinyayna cahya, dibarung ku gelebugna angin anu pohara tarikna.


"Maju...!" Dina mangsa keur kitu, Ki Patih Sampala ngajorowok méré komando.


Gurudug...!


Rébuan prajurit ti pihak Trisula Emas mimiti ngarangseg ka pasukan lawan.


"Pasukan jamparing...!" Patih ti pihak Batununggal ngajorowok.


Méh bareng rébuan prajurit masang jamparing kana gondéwana.


Hrrrakh...!


Hrrgh...!


Gebeg!


Boh Prabu Dangdang, Ki Patih Batununggal, pon kitu deui jeung rébuan ptajuritna, nepi ka pohara patinggarebegna mangsa nempo dua naga anu geus kakalayangan di luhureunana.


"Serang...!"


Paréntah Ki Patih jadi robah nitah ngajamparing dua naga.


Belesur..., belesat, belesat, belesat...!


Rébuan jamparing patingbelesat ka awang-awang. Tapi teu nepi, da Si Liuk jeung Si Bangkor geus ngaluhuran.


Siet, siet, siet..!


Antukn mah rébuan jamparing tarurun deui siga cihujan.


"Awas...!"


Buriak...!


Rébuan prajurit Batununggal patingburiak nyingkahan rébuan jamparing anu leupas tina gondéwa pasukanana sorangan.


"Huakh...!"


"Akh...!"


"Eugh...!"


Puluhan prajurit patulinggaroak patingpeuyeugeung, alatan teu kaburu nyingkahan seuseukeut jamparing anu patingbelesur turun ti awang-awang.


Nempo kitu, Prabu Dangdang mah nepi ka pohara reuwaseunana.


Hrrakh...!


Hrrrgh...!


Swur..., swur..., swur...!


Acan mah kareuwas Prabu Dangdang ngurangan, Si Liuk jeung Si Bangkor geus nyirorot bari ngaburakeun seuneu anu pohara ngabebelana.


"Huakh...!"


"Hwaduh...!"


"Panas...!"


Ratusan prajurit gagarabagan sarta gugulitikan, dina kaayaan awak anu kaduruk.


"Serang...!"


Rob!


Antukna mah rébuan prajurit ti pihak Trisula Emas, bantrok jeung rébuan prajurit lawan.


"Hyakh...!"


"Héakh...!


"Huakh...!"


"Eugh...!"


Tréng trang tréng trang..., gelebug..., beledag..., jelgér...!


Kaayaan di éta tempat éstuning teu puguh pisan déngéeunana. Trongtrangna sora pakarang anu diaradu, awor jeung patingjorowok sarta patinggaroakna prajurit anu kabeunangan ku panarajang lawan, katut sora gelebugna angin jeung sora anu patingbeledag patingjelegér, balukar tina campuhna perang antara pasukan jin anu sarua keur adu hareupan.

__ADS_1


Hanca.


__ADS_2