BANJIR GETIH DI DARMAPATIH

BANJIR GETIH DI DARMAPATIH
BANJIR GETIH DI DARMAPATIH, episode 62


__ADS_3

BANJIR GETIH DI DARMAPATIH


(62)


Sanggeus nepikeun amanat ti Bah Somad, Mang Tarya mah gura-giru baé amitan, sarta anu saterusna mah mulang deui ka imahna. Atuh Prabu Ungkara, Ki Cakra, Ki Patih Sampala katut puluhan abdi dalem mah aruplek deui neruskeun babadamian, ngeunaan sagala ancer-ancer anu rék jalankeunana.


"Anjeun, Nyi Manik, jeung anjeun deuih, Pandani, béjaan pihak Balarampa! Kaula jeung Bah Goncrang rék ngabéjaan Prabu Ruswana." Ki Cakra rut-rét ka nu di ajak nyaritana.


"Mangga, Ki Patih." Nyi Manik miheulaan némbalan, ari Nyimas Pandani mah ngan ukur unggeuk.


"Perkara ngumpulkeun prajurit Trisula Emas anu rék dimandian heula di émpang mah, sapinuhna geus jadi pancén anjeun, nya, Ki Patih?" Ayeuna mah Ki Cakra ngarérét ka Ki Patih Sampala.


"Sumuhun, Ki Patih Agung."


"Tah, ari geus apal kana pancén séwang-séwangan mah, tong dilila-lila deui, sabab waktu urang geus pohara Samporétna!" Prabu Ungkara rut-rét ka nu keur araya di dinya.


"Unjuk sumangga, Kangjeng Prabu!" Saréréa méh bareng némbalan.


Karék mah Ki Patih Sampala, Ki Cakra jeung nu séjénna rék carengkat, panto éta rohangan aya nu muka. Tétéla anu ngurunyung téh geuning Jang Aji.


"Aya naon mani siga anu daria kieu, Ki?" tanya Jang Aji, sanggeusna aya di antara riungan.


"Euh..., telat. Da éta atuh bobogohan wae!" Prabu Ungkara miheulaan némbalan.


"Ih, bobogohan sareng saha, ari Kangjeng Prabu?"


"Ari di taman sareng Si Wening, nuju naon?" Prabu Ungkara rada nyéréngéh.


Nepi ka bulaham-béléhém Jang Aji mah mangsa dikitukeun ku Prabu Ungkara téh. Ki Cakra, Ki Sampala jeung anu séjénna ogé jadi pipilueun patingséréngéh.


"Eu..., nuju ngabadantenkeun perkawis naon atuh ieu téh, Kangjeng Prabu?" tanyana deui Jang Aji, siga nu hayang buru-buru nyinglarkeun kaéra.


Gék, saréréa dariuk deui. Barabat wéh, Prabu Ungkara nyaritakeun sagalarupana, dibantuan ku Ki Cakra, ku Ki Patih Sampala jeung ku nu séjénna. Jang Aji mah mindeng ngajenghok mangsa ngaregepkeun sakur caritaan ti jalma-jalma anu aya dina éta riungan téh.


"Upami kitu mah, paraprajurit ti karajan anu sanés ogé kedah diaribakan heula!" ceuk Jang Aji, mangsa geus ngarti kana sagala jujutan perkarana.


"Lami atuh upami kitu mah, Den!


"Muhun, Radén. Komo ti Balarampa mah kedah nyorang heula lalampahan anu pohara lamina."


"Muhun, jaba tos samporét pisan waktosna!"


"Muhun, piwarang ngempel di tempat anu parantos ditangtoskeun wé ari paraprajurit ti karajaan sanés mah!"


Prabu Ungkara, Ki Cakra jeung nu séjénna, patingcelengkeung nembrakeun rasa teu satujuna.


"Pan seueur prajurit Jin atuh. Naon sesahna, kerahkeun wé sadayana. Abdi yakin pisan, pangna Bah Somad dugi ka miwarang kitu téh samata-mata demi kasalametan paraprajurit. Atuh sadayana prajurit ti karajaan nu sanés ogé kedah diperhatoskeun kasalametanana. Teu adil upami mung prajurit Trisula Emas wungkul anu diperhatoskeun kasalametanana mah, da paraprajurit ti karajaan anu sanés ogé sami-sami nandonkeun nyawa enggoning ngarojong perjuangan urang téh. Kedah pinter ngajénan jasa batur urang téh, komo ieu mah aya sangkut pautna sareng nyawa. Ungal kasalametan nyawa prajurit, tos janten kawajiban pamingpin kanggo merhatoskeun kasalametanana!" Jang Aji siga nu rada keuheul.


Anéh, sakur anu araya di dinya nepi ka tarungkul, kaasup Ki Cakra, Ki Patih Sampala jeung Prabu Ungkara. Sok padahal, anu ngomong téh ngan ukur budak satepak, anu samasakali can nyekel kalungguhan nanaon di éta karajaan.


"Eu..., janten, sadayana prajurit téh kedah dibakan heula sadayana, Dén?" Prabu Ungkara siga nu éra.


"Nya kedah. Mending kénéh entong ngarebut deui Darmapatih ari carana teu adil ka sapalih prajurit anu ngiring bajoang mah!" témbal Jang Aji pohara tandesna.


"Eu..., mangga upami kitu mah, Radén. Nyi Manik, Bah Goncrang..., hayu urang ka alun-alun, urang kerahkeun kabéh prajurit Jin, pikeun néang sakabéh prajurit ti unggal karajaan!" ceuk Ki Cakra, ditungtungan ku rut-rét ka nu diajak nyaritana.


Nyi Manik jeung Bah Goncrang gancang arunggeuk. Geus kitu mah gancang baé Ki Cakra ninggalkeun éta rohangan, dituturkeun ku Nyi Manik jeung ku Bah Goncrang, katut kubnu séjénna anu kapapancénan pikeun nepikeun iber ka karajan-karajaan leutik anu séjénna.

__ADS_1


"Mmm, hapunten pisan kalepatan abdi, Radén." Prabu Ungkara semu tungkul.


"Sumuhun, Radén. Rumaos abdi lepat." Ki Patih Sampala sarua tungkulna.


"Muhun. Ayeuna mah saéna, saénggalna kempelkeun paraprajurit urang kanggo diibakan. Supados engké, sasumpingna prajurit-prajurit ti karajaan sanésna téh henteu dugi ka pagelek-gelek teuing!"


"Unjuk sumangga, Radén!" Ki Patih Sampala haget nyanggupan.


Geus kitu mah gancang baé saréréa bur-ber ninggalkeun éta rohangan, seja ngalaksanakeun pancén anu jadi tanggungjawabna séwang-séwangan.


Sanggeus rébuan prajurit Trisula Emas karumpul kabéh di alun-alun, kalayan perténtang pisan Ki Patih Sampala, Prabu Ungkara jeung puluhan abdi dalem, nepikeun pamaksudan utamana. Nepi ka sahéng rébuan prajurit téh sanggeusna nampa katerangan ti parapamingpinna mah.


Bring, sanggeus paham kana naon-naon kudu dilakukeun mah, saréréa ngabring muru ka hiji émpang anu pohara gedéna, bubuhan émpang anu digarap langsung ku pihak Karaton Trisula Emas. Teu jauh ti alun-alun perenahna éta émpang téh, rébuan prajurit ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut, ngembat-ngembat nyatang pinang. Teu bisa rob kitu baé deuih, rébuan prajurit diatur sina ngantay, da bubuhan jalanna teu pati lega. Jang Aji ogé milu, sakadar hayang nyaksian kana éta acara.


Sanepina ka sisi émpang, song, saurang abdi dalem masrahkeun dawegan jeung bedog ka Prabu Ungkara. Crub, Prabu Ungkara kana émpang, sarta anu saterusna mah ngojéngkang muru ngajentulna batu anu persis pisan aya di tengah-tengah éta émpang. Teu jero-jero teuing, ngan ukur semet pingping di Prabu Ungkara ogé.


"Bismillahirrohmanirrohiim...."


Geclék..., geclék...!


Prabu Ungkara mimiti ngadékan congo éta dawegan dina luhur batu. Sakedapan mah nepi ka molohok, sabab tétéla cai dawegan téh eusina kelir bulao, béda pisan jeung ilaharna.


"Bismillahirrohmanirrohiim...."


Curulung....


Cai dawegan dawegan dikana émpangkeun.


Suruwuk..., kepul..., bulukbuk..., bulukbuk...!


"Waduh!"


"Masya Alloh...!"


"Allohu Akbar!"


"Bisa kitu, nya, euy!"


Sakur anu nyaksian kana éta kajadian, kabéh ogé taya anu henteu gogodeg, kaasup Prabu Ungkara anu nepi ka molohok bengong méh teu ngiceup-ngiceup. Jang Aji wé anu katémbongna kalem téh, ngan ukur unggut-unggutan niténan ngumplangna cai émpang.


"Panas, Kangjeng Prabu?" Ki Patih Sampala rada ngajorowok.


"Henteu, nyecep nu aya. Gancang atur paraprajurit, sina alancrub dua ratus urang dua ratus urang!"


Teu kungsi némbal deui, harita kénéh Ki Patih Sampala jeung puluhan abdi dalem ngatur-ngatur prajuritna.


Brus, brus....


Ratusan prajurit ngamimitan alancrub kana émpang, garuyang sarta teuteuleuman. Prabu Ungkara ogé milu guyang. Anéh, sok sanajan éta émpang dikubek ku lobaan, tapi cai émpang téh teu kiruh-kiruh, angger baé ngagenyas hérang. Teu kantos ucul-ucul raksukan anu garuyang téh, Pamiarsa, bilih kaum istri anu ngaderes ieu carita, élékésékéng sareng mareungpeun alatan garilaeun.


"Euh..., seger...!"


"Heueuh. Bet asa ngadadak asa caang tetempoan ogé ieu téh!"


"Walikat kuring ogé ngadadak cageur, euy. Asalna mah nyeri...pisan!"


Rupa-rupa omongan anu kedal tina létah ratusan prajurit anu keur garuyang téh, saluyu jeung pangrasa sarta pamanggihna sewang-sewangan. Puguh wé perkara éta téh matak nimbulkeun kapanasaran ka paraprajurit anu can kabagéan.

__ADS_1


"Gancang haranjat. Ganti ku nu acan. Anu enggeus, karumpul di alun-alun!" Ki Patih Sampala jojorowokan méré paréntah.


Prabu Ungkara jeung ratusan prajurit anu garuyang pangheulana, gancang haranjat, diganti ku nu séjénna. Kitu saterusna, bagilir nepi ka kabéh kabagéan.


"Ki Patih, kaula rék mulang tiheula. Dagoan nepi ka paraprajurit ti karajaan séjén daratang kabéh!" Prabu Ungkara ngarérét ka patihna.


"Unjuk sumangga, Kangjeng Prabu!" Ki Patih Sampala haget nyanggupan.


Geus kitu mah Prabu Ungkara ngagedig dina kaayaan bucis, dituturkeun ku Jang Aji di tukangeunana. Dina kaayaan gararing ari Jang Aji mah, da bubuhan teu milu guyang.


Dina mangsa pihak Trisula Emas keur ngajalankeun paréntah ti Bah Somad, di Batunggal mah harita téh can katémbong ruang-riungna prajurit ari lain anu keur jaraga mah, da bubuhan tina kasapukanana ogé geus ditetepkeun, yén lumangsungna perang téh rék diayakeun di hiji palataran, anu saméméhna kungsi dipaké perang ku pihak Batununggal jeung Darmapatih.


"Na rék mampuh pihak Trisula Emas ngayonan pasukan Batununggal?" Saurang prajurit anu keur jaga rut-rét ka tilu baladna.


"Ah, moal mungkin meunang masing sakabéh karajaan leutik ngahiji ogé, da ti pihak urang mah prajurit jinna ogé pohara lobana!" témpas anu saurang.


"Heueuh. Ngan jujur, ari kahayang kuring mah pihak Trisula Emas anu meunang téh. Lain nanaon, geus karunya ka rahayat, mingkin ripuh dipingpin ku Prabu Dangdang mah. Ari geus dignti ku Radén Aji mah bakal robah jadi hadé geura, da canah mah hadé budi parangi sarta gedé kanyaahna," ceuk nu séjénna, kituna téh bari satengah haharéwosan.


"Heueuh, nya, euy. Ayuena mah pajeg rahayat ogé tilu tikeleun ti saméméhna."


Tétéla geuning, Pamiarsa, ari dina kanyataanana mah ti pihak Darmapatih anu kiwari geus dikawasa ku Batununggal ogé, aya wé ari ngaraskeun kana nasib rahayat mah, siga opat prajurit anu harita keur jaraga dina lawang gapura.


"Ssst..., aya Ki Patih!" Saurang prajurit gancang ngingetan balad-baladna, mangsa rentang-rentang katémbong aya nu tumpak kuda, anu tétéla geuning patih Batununggal, anu tayohna mah kiwari geus ngeusian karaton urut Darmapatih.


Sanepina Ki Patih ka hareupeunana, opat prajurit anu keur jaraga gancang rarengkuh. Satengah teu malire, kebat baé Ki Patih mah asup ka palataran hareup karaton, dituturkeun ku saurang prajurit anu keur jaga. Sajrutna tina tonggong kuda, prajurit anu nuturkeun gura-giru mangnyangcangkeun kuda, ari Ki Patihna mah semu gancangan asup ka wangunan karaton. Rohangan utama anu dijugjugna téh. Di éta rohangan, kasampak Prabu Dangdang keur aruplek jeung puluhan abdi dalemna.


"Kumaha hasil panalungtikanana, Ki Patih?" tanya Prabu Dangdang, sanggeusna Ki Patih diuk dina korsina.


"Pihak Balarampa mah parantos nyiapkeun parajuritna, Kangjeng Prabu. Rupina mah parantos siap kanggo ngahiji sareng pihak-pihak karajaan anu séjénna.


"Hahahaha.... Kawas anu rék nguntup waé nyanghareupan pasukan aing. Dibéré kasempetan sotéh hayang nyaho wé aing mah, rék kumaha ketakna mangsa adu hareupan jeung pasukan aing!"


"Hahaha... Étang-étang olahraga we éta mah, Kangjeng Prabu. Upami pihak lawan parantos tumpur, mangka gampil pisan badé masang pajeg sakumaha ageungna ogé!"


"Hahaha.... Bener..., bener pisan, Ki Patih. Kumayua atuh barina ogé, bet hayang ngarebut karajaan anu geus dikawasa ku aing!"


Barakatak...!


Saréréa babarakatakan siga nu ngeunah pisan.


"Badé saénggalna nyiapkeun prajurit, Kangjeng Prabu?" Saurang gulang-gulang ngalungkeun pananya. Siga nu hayang kaalem kituna téh.


"Hahaha.... Ribut-ribut teuing, kalem wé da urang mah deukeut ieuh, jeung pira ogé nyanghareupan bebenyit. Pasukan Darmapatih ogé euweuh nanaonan pisan geuning mangsa adu hareupan jeung pasukan urang mah!"


"Ngiringan baé atuh upami kitu mah, Kangjeng Prabu."


"Heueuh. Angguran mah siapkeun arak jeung wanoja anu darémplon. Peuting ayeuna urang ayakeun pésta heula!"


"Horséh...!"


"Huasik, euy...!"


Anu keur araya dina éta riungan teu sirikna sarurak ajrag-ajragan.


Titah raja titah sampurna, kudu jadi sok sanajan sakumaha héséna. Peutingna, di rohangan utama karaton diayakeun pésta. Ratusan botol arak ngajéngjréng, paselang jeung rupaning kadaharan. Icih Gibeg, Acah Ténjrag patingréngkénék nuturkeun wirahma gamelan, ngahibur Prabu Dangdang katut anu séjénna, anu keur barakatakan diladénan ku puluhan wanoja.


Hanca.

__ADS_1


__ADS_2