BANJIR GETIH DI DARMAPATIH

BANJIR GETIH DI DARMAPATIH
BANJIR GETIH DI DARMAPATIH, episode 23


__ADS_3

BANJIR GETIH DI DARMAPATIH


(23)


Sanepina ka karaton, Radén Angkara gura-giru muru rohanganana. Ari saurang prajurit anu diparéntah pikeun masrahkeun pajeg mah sagancangna nepungan Radén Anjana. Sanggeus tatanya ka ditu ka dieu sabab teu kasampak di rohanganana, tétéla Radén Anjana mah harita téh keur diuk nyanghareupan hiji méja, bari uplek ngawangkong jeung Ki Patih Purwasesa, di patamanan anu perenahna aya di tukangeun wangunan karaton.


"Aya naon?" Radén Angkara nalék prajurit anu acong-acongan nyembah ka dirina.


"Ieu, badé nyanggakeun artos pajeg ti nu ngawangun bumi téa, Radén." Kalayan rengkuh pisan éta prajurit ngasongkeun kanjut kundang.


Teu kungsi ditempo-tempo acan, sanggeusna ditampanan mah éta kanjut kundang ditunda dina luhur méja. Geus kaijir tayohna mah, gedéna pajeg ti jalma leutik anu ngawangun imah mah ajénna moal sabaraha. Ari éta prajurit, sanggeusna masrahkeun pajeg sarta amitan mah kebat baé ninggalkeun Radén Anjana jeung Ki Patih Purwasesa.


"Hmmm, bener ogé, Ki Patih. Ari ngadagoan Kangjeng Rama nurunkeun tahta mah pohara lilana. Kaula geus teu sabar hayang jadi raja, hayang ngawasa Darmapatih sagemblengna." Radén Anjana ngomongna haharéwosan. Neruskeun deui wangkonganana anu katunda tayohna mah.


"Nya kitu téa, Dén. Satungtung teu acan janten raja mah Radén téh moal laluasa. Pan ari parantos janten raja mah, badé narik pajeg atanapi upeti sareng ngayakeun aturan naon waé ogé pasti laksana," témbal Ki Patih, sarua haharéwosanana.


"Bener pisan, Ki Patih. Taya deui carana ieu mah, iwal ti kudu mungkas nyawana Kangjeng Raja."


"Éta pisan maksad abdi mah, Dén. Ari nyarios sacara langsung mah, Radén bilih lepat nampina." Ki Patih mingkin haharéwosan.


Pikeun sakedapan mah Radén Anjana unggut-unggutan dibarengan ku meureumkeun sapasang matana. Aya seuri saulas dina biwir Ki Patih mah mangsa sarérétan nempo Radén Anjana téh.


"Kumaha cara nelasan patina atuh, Ki Patih? Sangkan lantip taya anu curiga." Teuteup Radén Anjana pohara pisan dariana. Geus poék sigana téh, teu nempo yén anu rék diala patina téh minangka nu jadi bapa.


"Upami Radén parantos kagungan pamadegan sarupi kitu mah, kantun ngémutan carana baé. Nanging, kedah asak-asak mikir perkawis ieu mah teu kénging gagabah. Margi, saupami katohyan téa mah, mangka nyawa urang anu janten tandonna."


"Geus pasti! Mmm, kumaha lamun diracun?"


"Gampil kapaluruhna ari diracun mah, Dén. Pan Kangjeng Prabu mah sagalarupi anu dituangna ogé sok diparios heula ku Nyi Manik atanapi ku Bah Goncrang. Sajabi ti éta, kapanan ari Kangjeng Prabu mah parantos nuang racikan anti sagala racun ti raja jin."


"Mmm, nu penting mah kumaha waé carana, kaula kudu sagancangna jadi raja. Atawa kieu wé atuh.... Perkara ngala patina Kangjeng Raja, kaula masrahkeun sapinuhna ka Ki Patih. Urusan waragadna mah ku kaula dibayar masing sabaraha ogé. Jeung saupama kaula geus jadi raja, mangka saparapatna wewengkon karajaan jadi milik Ki Patih!" Radén Anjana pohara tandesna.


"Mangga upami kitu mah, Radén." Ki Patih langsung nyanggupan, kalayan paroman siga anu pohara bungahna.


Ki Patih jeung Radén Anjana mingkin uplek ngawangkongna. Buru-buru eureun sotéh pédah wé aya Prabu Raksapada anu nyampeurkeun ka dinya. Ki Patih gancang cengkat tina tempat diukna, sarta anu saterusna mah deku sanggeusna Prabu Raksapada aya di hareupeunana. Gék, Prabu Raksapada dina korsi beusi anu saméméhna didiukan ku Ki Patih Purwasesa. Ari Ki Patih mah ngadon ngajanteng di gigireun Radén Anjana.


"Keur naraon, katempona téh siga nu uplek pisan?" Prabu Raksapada rut-rét ka nu jadi anak jeung ka patihna.


"Nembé téh nuju nyawalakeun perkawis upeti ti karajaan-karajaan alit, supados mayar upetina langkung lancar sareng mucekil." Ki Patih miheulaan némbalan.

__ADS_1


"Leres pisan, Kangjeng Rama. Upami upetina lancar sareng arageung mah, tangtosna ogé Kangjeng Rama bakal langkung ngaraos bingah." Radén Angkara gancang ngéngklokan.


"Hahaha.... Alus..., alus. Hidep mémang pinter, Anjana. Pék, perkara upeti ti karajaan-karajaan leutik mah Rama mercayakeun ka hidep. Iung-itung diajar ngurus karajaan wé!"


"Hatur nuhun kana kapercantenana, Kangjeng Rama."


Prabu Raksapada unggeuk sababraha kali. Atra pisan aya kareueus dina sorot matana.


*****


Mingkin poé, patékadan Radén Anjana pikeun nelasan pati Prabu Raksapada nu jadi bapana, mingkin buleud bakat ku hayang sagancangna jadi raja nu kumawasa. Méh saban usik, dina mangsa Ki Patih keur rada rinéh, sok diajak ngawangkong di patamanan anu aya di pipir karaton. Siga dina peuting harita, dina mangsa batur geus talibra, Radén Anjana jeung Ki Patih mah masih kénéh uplek di patamanan.


"Saha, jeung di mana deuih éta tukang sihir anu pohara saktina téh?" tanya Radén Anjana, mangsa Ki Patih semu haharéwosan nepikeun béja.


"Jenenganana mah Nyimas Pandani, Dén. Tebih, di wewengkon basisir Karajaan Batununggal."


"Teu jadi masalah jauh ogé ari bisa dipercaya mah."


"Nanging, ari nyuhunkeun bantosan Nyimas Pandani mah kedah sakantenan diangkat janten juru sihir karajaan, Dén. Disuhunkeun pitulung mung saliwatan mah tara kersaeun."


"Nya teu nanaon, da kaula ogé butuh tukang sihir. Asal bener-bener sakti wé."


"Tapi, lamun éta awéwé tukang sihir bener-bener sakti, naha bet henteu dirawatan ku Karajaan Batunungal?"


"Sanés alimeun ngarawatan pihak Batununggal ogé, Dén. Saratna abot teuing."


"Émangna ménta sarat naon?" Radén Anjana kurang-kerung.


"Nyimas Pandani kersaeun janten tukang sihir kakaratonan, saupami dipasihan satengahna tina wewengkon karajaan."


"Wah..., embung ari kitu mah kaula ogé!"


"Tapi tiasa disiasatan, Dén."


"Disiasatan kumaha?"


"Saupamina tos henteu diperyogikeun deui mah, binasakeun wé!"


"Hmm, tapi pan sakti!"

__ADS_1


"Tiasa diracun."


"Hahaha..., hadé, Ki Patih!"


"Ssst...!" Ki Patih gancang ngingetan Radén Anjana sangkan ngalaunkeun sorana.


"Terus, rék iraha nepungan Nyimas Pandani téh?" Radén Anjana haharéwosan deui ayeuna mah.


"Badé milarian heula alesan kanggo ka Batununggalna, Dén."


Sajongjongan mah simpé taya anu nyarita. Boh Radén Anjana, pon kitu deui Ki Patih Purwasesa, ngadon patingharuleng geusan néangan alesan anu hadé, anu sakirana bisa katarima sarta meunang idin ti Prabu Raksapada.


"Hmm, hésé ogé néangan alesan anu hadé mah!" ceuk Radén Anjana, satengah nyarita ka dirina sorangan.


"Saéna, ayeuna mah geura leleson wé, Dén. Tos wengi teuing. Abdi ogé tos hoyong mondok ieu téh," tempas Ki Patih, kituna téh bari tungtungan ku heuay.


"Hmm, nya atuh. Tapi omat, lamun geus manggih alesan anu hadé, sagancangna béjaan kaula!"


"Unjuk sumangga, Radén." Ki Patih pohara rengkuhna.


Geus kitu mah Ki Patih jeung Radén Anjana patinglaléos ninggalkeun éta patempatan, anu saterusna mah kebat baé muru ka rohanganana séwang-séwangan. Sanepina ka rohangan kulawargana, Ki Patih mah rada kurang-kerung mangsa nempo Radén Angkara anu kasampak masih kénéh ngajejentul semu hulang-huleng téh.


"Kunaon ari manéh, Angkara?" tanya Ki Patih, sanggeus ngajanteng di hareupeun anakna.


"Teu kunanon, Kangjeng Rama. Teu acan aya pitunduheun wé."


"Oh. Henjung atuh geura ka kamar!"


"Muhun, Kangjeng Rama," témbal Radén Angkara, kituna téh bari ngonéal tina tempat diukna.


"Angkara...." ceuk Ki Patih, mangsa anakna geus rék ngaléngkahkeun pisan sukuna.


"Aya pikersaeun naon deui, Kangjeng Rama? Radén Angkra neuteup bapana.


"Cita-cita Rama anu hayang ngajadikeun hidep jadi raja, mingkin dieu mingkin molongpong pijalaneunana. Mugia bisa sagancangna tinekanan." Ki Patih neuteup sapasang mata jajaka gagah anu aya di hareupeunana.


Radén Angkara mah teu kungsi kedal kecap, ngan ukur unggut-unggutan bari males paneuteup Ki Patih Purwasesa nu jadi bapana.


Hanca.

__ADS_1


__ADS_2