
BANJIR GETIH DI DARMAPATIH
(3)
Alatan kasieunan sanggeusna nampa béja ti Kang Diman, enya ngeunaan Radén Angkara anu keur mikahayang domba anu ciri-cirina sarupa pisan jeung dedegna Si Utih, dina mangsa batur geus baralik ti kebon atawa ti sawahna séwang-séwangan téh ari Jang Aji mah masih kénéh ngajejentul di sisi wahangan, diuk dina ngajémprakna batu gedé anu rada kaiuhan ku gomplokna daun malanding. Si Utih anu geus seubeuheun ngahakanan jukut, depa di gigireun dununganna.
"Tih..., kudu kumaha ari ayeuna? Bahaya lamun manéh kapanggiheun ku Radén Angkara mah, pasti manéh bakal dibeuli sacara paksa, anu engkéna geus moal salah, pasti diadu-adu." Jang Aji ngusapan tanduk domba kameumeutna.
Si Utih teu ngabérélé, malah anteng ngahéphép, kituna téh paneuteupna siga nu kosong, lir anu bisa ngarasakeun kana kasieun jeung kahariwang dununganna.
"Ji..., Aji..., geura balik...!"
Kadéngé ku Jang Aji aya sora bapana anu nyalukan semu jojorowokan. Barang dirérét, enya wé geuning bapana, anu harita kalayan semu gagancangan nyorang galengan, nyampeurkeun ka dirina.
"Ari manéh, sok kajongjonan ulin téh. Can solat, can dahar. Kolot mah melang!" Kang Atang gegelendeng, sanggeus aya di hareupeun anakna.
"Sieun badé uih téh, Pa."
"Maké jeung sieun. Sieun ku naon?"
"Sieun aya kénéh Radén Angkara. Sieun maksa mésér Si Utih."
"Oh, geus nyaho perkara Radén Angkara anu keur néangan domba adu nu bodas?"
Jang Aji ukur unggeuk. Sakedapan mah Kang Atang ngan ukur unggut-unggutan.
"Dibéjaan ku saha?"
"Ku Mang Diman."
"Oh, paingan. Geus areuweuh ayeuna mah, Ji. Hayu balik, geura dahar!"
Teu kungsi némbal deui, sanggeus dibéjaan yén Radén Angkara jeung dua prajurit anu marenganana geus baralik mah, Jang Aji semu ngalénghoy ninggalkeun éta patempatan, dituturkeun ku Si Utih. Ari Kang Atang anu leumpang pangpandeurina, tina teuteupna siga anu karunyaeun pisan ka nu jadi anakna téh.
Sanggeus lumayan lila lumampahna, antukana mah Jang Aji, Si Utih jeung Kang Atang narepi ka buruan imahna. Di tepas imah, kasampak Nyi Yati geus nulak cangkéng bari jamotrot neuteup Jang Aji. Kang Atang gancang méré isarat ka pamajikanna, sangkan teu ngagelendeng anakna.
"Jung, ampihkeun heula dombana, terus geura dahar!" ceuk Kang Atang kalayan leuleuy.
Kalayan siga taya kabéragan pisan, Jang Aji ngoréléng ka pipir imah, dituturkeun ku dombana.
"Karunya budak téh, Nyi. Matak teu buru-buru balik téh sieuneun aya kénéh Radén Angkara, cenah. Éta meureun, sieun dipaksa pikeun ngajual dombana," ceuk Kang Atang ka pamajikanna.
"Apaleun ti saha, Kang?"
"Dibéjaan ku Si Diman cenah mah. Karunyaeun meureun."
Nyi Yati ukur unggut-unggutan, anu saterusna mah ngoloyor nuturkeun salakina anu geus ngaléngkahkeun sukuna ka jero imah. Jang Aji ogé ari geus ngampihkeun dombana mah kebat baé ngoloyor nyampeurkeun indung bapana.
"Geura dahar, Ji. Jeung itu deuih, nangka téh dikolek, tempo wé di dapur!" ceuk Nyi Yati, kalayan siga anu karunyaeun pisan nempo pamulu nu jadi anakna dina mangsa harita.
"Badé ka bumina Pupuhu heula, Ma."
"Rék naon ka Pupuhu?" Kang Atang semu kerung.
"Badé mayar dawegan. Tadi, aya aki-aki hauseun pisan. Ka Aji nyuhunkeun eueut. Tapi da Aji teu nyandak cai, nya dipangalakeun dawegan anu Pupuhu wé."
"Aki-aki saha?" Nyi Yati sarua kerungna.
"Ngangkenna mah Ki Darsa."
"Urang mana?"
"Duka ari urang mana-manana mah, hilap teu ditaroskeun. Saurna, Ki Darsa téh badé nepangan putrana anu di Cimangplang."
"Ari éta, nanahaonan deuih mamaké geulang sagala?" Kang Atang neuteup geulang anu dipaké dina leungeun katuhuna Jang Aji.
"Puguh ieu téh pamasihan ti Ki Darsa. Saurna téh étang-étang kanggo pangémut-ngémut. Wios wé da saé."
__ADS_1
Mangsa indung bapana keur silihteuteup bari kurang-kerung, Jang Aji mah gancang baé ngoloyor ka kamarna, kalayan teu kungsi lila ogé geus kaluar deui. Enya, geus nyokot heula duit tayohna mah.
"Mun geus ti imah Pupuhu, gancang balik deui, geura dahar!" Nyi Yati siga anu mangmelangkeun pisan kana beuteung anakna.
"Muhun, Ma. Éh, enya..., tadi téh Téh Munah masihan artos kupa, ku Aji téh dipasihkeun ka Ki Darsa, kanggo mésér tuangeun saupamina mendakan warung."
"Nya keun baé. Henjung ari rék ka imah Pupuhu heula mah!"
Geus kitu mah kalayan gura-giru Jang Aji ninggalkeun kolotna.
"Alhamdulillah..., soléh boga budak téh!" ceuk Nyi Yati, satengah ngomong ka dirina sorangan.
"Kumaha wé bapana!" ceuk Kang Atang ditungtungan ku nyéréngéh.
"Nyéh!" Nyi Yati juba-jebi.
Nempo pamajikanna samodél kitu téh ari Kang Atang mah ngan ukur surangah-séréngéh deui.
Ari Jang Aji, saluyu pisan jeung amanat anu diwanti-wanti ku indungna, leumpangna gagancangan muru imahna Pupuhu Lembur.
"Ji..., rék ka mana?" Di jalanan aya budak lalaki anu saentragan pisan nalék ka Jang Aji. Babaturanana tayohna mah.
"Rék nganteurkeun duit, ka Pupuhu."
"Oh. Tadi urang ka imah, tapi manéhna euweuh, keur ngamandian domba ari ceuk indung manéh mah."
"Enya. Urang rék ka imah Pupuhu heula, nya!"
"Milu, Ji!"
"Nya hayu!"
Geus kitu mah Jang Aji jeung sobatna gura-giru ngagedig muru ka imahna Pupuhu Lembur. Sanepina ka nu dijugjug, kasampak Pupuhu Lembur keur ngadaweung di tepas imah.
"Éh, geuning manéh, Ji. Kabeneran datang ka dieu!" Pupuhu Lembur siga anu bungaheun pisan mangsa kadatangan Jang Aji téh.
"Muhun, ngahaja, Pa. Tadi, abdi téh ngibakan domba ka wahangan, hilap teu mekel cai kanggo eueut. Abdi téh ngala dawegan anu Pupuhu, da teu kiat haus. Badé diartosan wé ayeuna," ceuk Jang Aji, kalayan henteu nyaritakeun kajadian nu sabenerna.
"Nuhun pisan atuh upami kitu mah, Pa!"
"Enya. Aéh, lamun daék, isukan Bapa pesen suluh satanggungan mah, paraseuneu geus kosong! Aya ogé suluh nangka di pipir, baraseuh kénéh!"
"Énjing mah badé ngala suluh kanggo Mang Ukin huela, Pa. Kamari pesen."
"Waduh, mangkaning keur butuh pisan!"
"Tiasa kétang énjing ogé, tapi ngalana ku Si Imron," ceuk Jang Aji, kituna téh bari ngarérét ka sobatna anu tétéla ngaranna Imron.
"Daék, Imron?" Pupuhu Lembur neuteup Jang Imron.
"Mangga, Pa."
"Nya sukur ari kitu mah. Omat, nu gararing ngala suluhna, nya!"
Jang Imron ukur unggeuk.
Sanggeus euweuh deui urusan mah Jang Aji jeung nu jadi sobatna aramitan, sarta anu saterusna mah patinggaredig ninggalkeun imah Pupuhu lembur.
"Ari milik mah ti mana wé geuning. Keur teu boga duit pisan urang mah. Rék punta-pénta ka kolot, geus éra," ceuk Jang Imron dina sajeroning leumpangna.
"Sarua, urang ogé geus éra punta-penta ka kolot téh. Matak mending ngajualan suluh, da hampang nanggungna ogé ari anu gararing mah."
"Enya. Isukan nyampeur, nya! Urang bari sakalian...." Jang Imron teu cacap nyaritana, sabab rentang-rentang katémbong aya dua budak di hareupeunana.
"Waduh, aya Si Jamal jeung Si Dodo, euy!" ceuk Jang Imron deui siga nu reuwas.
"Wah, bahaya ieu mah, euy. Ari rék nyumput da geus nempoeun!" Jang Aji siga anu sarua reuwaseunana.
__ADS_1
Sok sanajan bari siga nu sieun, antukna mah Jang Aji jeung Jang Imron nareruskeun deui léngkahna.
"Geus ti mana maranéh?" Budak anu pangawakanana rada lintuh, rut-rét ka Jang Aji jeung ka Jang Imron.
"Geus ti imahna Pupuhu."
"Oh. Duit!" Budak nu rada lintuh namprakkeun leungeun.
"Teu boga duit, Do!" témbal Jang Imron ka nu cikénéh namprakkeun dampal leungeunna, anu tayohna mah éta budak téh anu ngaranna Jang Dodo, kituna téh ari Jang Imron bari semu pupurungkutan.
"Wadul. Rahrahan, Mal!" Jang Dodo ngarérét ka baladna.
Jang Jamal gancang ngadeukeutan, anu saterusna mah ngarahrahan unggal pésakna Jang Imron. Tapi teu manggih nanaon, da mémang Jang Imron mah keur teu mawa duit.
"Goblog..., dasar jelema balangsak!" Jang Jamal nyuntrungkeun Jang Imron nepi ka gugulitikan.
"Manéh, siah!" Jang Jamal neuteup Jang Aji.
"Boga ogé kur sakieu!" Jang Aji némbongkeun duit kencring anu bahanna dijieun tina tambaga.
"Rahrahan heula, Mal!" Jang Dodo nyelengkeung.
Teu ngadagoan dititah dua kali, gancang Jang Jamal ngadeukeutan sarta ngarahrahan unggal pésak Jang Aji.
"Goblog. Ieu aya kénéh, siah!" Jang Jamal muncereng, mangsa karampa aya duit dina pésak tukang calanana Jang Aji.
"Éta mah keur mayar udunan ngaji, Mal!" Jang Aji semu lumengis.
"Lah, uduan-udunan teuing, siah!" témpas Jang Jamal, kituna téh bari gancang rék ngodok pésak Jang Aji.
Buk..., jengkang...!
"Huakh...!"
Mangsa Jang Jamal kokodok kana pésak, tuur Jang Aji ngajekuk kana dadana Jang Jamal nepi ka ngajengkangna.
"Goblog! Wani ngalawan sia téh?" Jang Dodo nyelenteng.
Séak...!
Jang Dodo nonjokkeun peureupna, lempeng pisan rék ngala beungeut Jang Aji.
Lep!
Jang Aji gancang ngelok.
Jebrod...!
Bareng pisan jeung ngeplosna tonjokan Jang Dodo, peureum jang Aji ngajekuk kana dada.
"Akh..., Ema...!" Jang Dodo ngagoak, disusul ku awakna anu ngagebut ninggang lemah.
Hing, Jang Dodo ceurik bari nyayambat indungna.
Nempo kitu, ari Jang Imron mah bati molohok. Teu nyangka sacongo buuk yén Jang Aji bakal wanieun ngalawan ka Jang Dodo jeung ka Jang Jamal, anu geus kawentar harak sarta pada mikasieun ku barudak anu saentraganana di lemburna. Ari Jang Aji, sakedapan mah malah hulang-huleng siga nu bingung.
"Arindit, siah. Lamun kumawani harak deui ka batur, disiksa siah ku aing mah!" Jang Aji siga anu ngadadak gedé kawani, kituna téh bari rut-rét dua budak anu patinggolétak dina taneuh.
"Ampun, Ji..., ampun...!" Jang Jamal ampun-ampunan.
Sanggeusna nyangkéh Jang Dodo anu masih kénéh ceurik mah, duanana arindit ninggalkeun éta patempatan.
"Ji..., manéh wanian, euy!" Jang Imron pulahak-polohok neuteup sobatna.
"Tuman diantep waé mah, mingkin wani!"
Jang Imron ngan ukur unggut-unggutan.
__ADS_1
Geus kituna mah duanana patinggaredig neruskeun deui léngkahna. Sajeroning leumpangna téh ari Jang Aji mah loba hulang-huleng siga keur aya nu dipikiran.
Hanca.