
BANJIR GETIH DI DARMAPATIH
(35)
Saléosna Jang Aji, sanggeusna mantuan pépérén wadah urut dalahar mah, Nyimas Wening ngoloyor ka rohangan kamarna, ngadon ngajejentul dina tungtung risbang, hulang-huleng bari sakapeung diselang ku sura-seuri sorangan.
"Enya, mugia wé urang téh jodo!" gerendengna Nyimas Wening, anu tayohna mah keur teuteuleuman dina éndahna sawangan, anu pinuh ku gambaran saurang jajaka anu taya lian Jang Aji, kituna téh dibarengan ku sura-seuri.
Ari anu keur mapaés sawangan Nyimas Weningna mah, enya Jang Aji, harita téh keur ngajejentul di tepas wangunan, bari meusmeus lieuk deui, lieuk deui ka unggal jalan.
"Na ka mana atuh Si Ukun téh?" gerendengna Jang Aji, anu tayohna mah sajolna ka dinya téh ari Jang Ukun mah keur teu nyampak.
Lumayan lila Jang Aji diuk éta tepas téh, nepi ka antukna mah ngurunyung Jang Ukun, anu leumpangna ngalénghoy siga pohara capéna.
"Geus ti mana ari manéh, Kun?" Jang Aji ngabagéakeun ku pananya.
"Geus ti mana, geus ti mana.... Kuring mah capé geus nénéangan domba manéh. Euweuh dina kandang!" témbal Jang Ukun, sanggeus ngajanteng di hareupeun Jang Aji.
"Beu..., jadi manéh téh geus néangan domba nu kuring?"
"Heueuh. Euweuh dina kandangna ogé. Geus ditétéangan nepi ka luareun karaton, angger teu kapanggih."
"Hehee.... Domba kuring mah aya nu meuli, Kun! Tadi, matak Kangjeng Prabu nitah nepungan téh, aya kawawuhanana ti karajaan séjén, anu cenah mah resepeun kana domba kuring. Nya dijual wé, da lumayan hargana mahal." Jang Aji ngarang carita.
"Euh, dasar si koplok. Hanas kuring kokotéténgan!" Jang Ukun garo-garo teu ateul, kalayan némbongkeun paroman beungeut anu siga pohara jéngkélna.
"Hehehe..., geus dahar, Kun?"
"Boro-boro dahar, can nyangu-nyangu acan, da geus kotéténgan néangan domba manéh!"
"Hehe..., jung atuh, geura dahar!"
"Kapanan can ngangu-nyangu acan, Sarji. Euh..., silaing mah!"
"Aya sangu mah. Tuh, dina tékas!"
"Manéh nyagu?"
Jang Aji mah ngan ukur unggeuk, sangkan Jang Ukun teu loba tatanya deui.
"Nya atuh, kuing rék dahar heula, nya! Ari manéh geus dahar, can?"
"Enggeus, Juragan Ukun!"
Dibarengan ku sura-seuri, geus kitu mah kebat baé Jang Ukun asup. Ari Jang Aji mah teu incah tina tempat diukna, malah unggut-unggutan siga anu kataji ku sikep Jang Ukun, anu bélaan ngantep beuteung, demi néangan domba nu sobat anyarna.
"Sarji...!" Teu lila antarana, ti jero rohangan, kadéngé jorowokna Jang Ukun anu siga keur manggih kareuwas.
Jang Aji mah ngan ukur nyéréngéh, da geus surti kana kareuwas nu jadi sobatna. Sakedapan, ti jero rohangan kadéngé gebligna dampal suku, diusul ku ngurunyungna deui Jang Ukun.
"Sarji..., ari itu dahareun ti mana?" tanya Jang Ukun, sanggeusna aya deui di hareupeun Jang Aji, kituna téh dibarengan ku tutunjuk ka jero rohangan.
"Paméré ti Kangjeng Prabu. Pék, dahar sing wareg!" Kalem pisan Jang Aji mah némbalanana téh.
"Huajig..., mani sagala aya, euy!"
"Henjung, geura dahar heula!"
"Jeung manéh atuh!"
"Geus wareg kuring mah. Ngadagoan manéh gé da lila, geus wé dahar tiheula."
Ari geus dikitukeun mah kebat baé Jang Ukun asup deui ka éta rohangan. Ari Jang Aji mah siga anu keur genah niis di tepas, malah cimekblek baé dina tempat diukna.
"Hmm, ari Si Kumbay geus nepi, kitu?" gerendengna Jang Aji, bari neuteup ka jauhna.
Ari Si Kumbayna mah harita téh masih kénéh seseleberan meuntasan ngémplohna amparan pileuwungan. Enya, sok sanajan hiber, tapi ari bakat ku jauh mah keukeuh baé lalampahan Si Kumbay méakeun waktu anu lumayan lila.
Seleber..., suruwuk...!
Si Kumbay anu keur ngajirim dina wujud aslina, hiberna mingkin ngagancangan. Opat sukuna mingkin bedas totojér diwang-awang.
Séot...!
Sanggeus lumayan lila antarana, antukna Si Kumbay nyirorot, mangsa persis pisan geus aya di luhureun tempat anu jadi panganjrekan Ki Cakra saparakanca.
__ADS_1
Clé!
Kalayan siga nu hampang pisan, suku Si Kumbay napak kana lemah. Reup, pikeun sakedapan mah Si Kumbay meureumkeun matana. Bréh, katémbong ujug-ujug aya gapura anu némbongan.
Burinyay..., jleg!
Wujud Si Kumbay robah wujud jadi wanoja geulis tur pohara bahénolna, kalayan maké pakéan anu loba némbongkeun kaéndahan lugak-legok jeung lupat-lepit dina bagéan awakna.
Geus kitu mah kalayan andalemi, Si Kumbay ngaléngkahkeun sukuna, ngaliwatan éta gapura.
Di tepas wangunan anu sok dieusian ku Ki Cakra, kasampak keur aya Kang Atang, anu harita keur diuk bari ngawarangkong jeung welasan aki-aki. Ari Ki Cakra jeung Nyi Yati mah teu katémbong irung-irung acan. Boh Kang Atang, pon kitu deui jeung anu séjénna, nepi ka patingpolohok mangsa nempo wanoja geulis tur pohara bahénolna, anu nyampeurkeun bari jeung leumpangna semu digitek-gitek téh.
"Saha ari sia, jurig?" Saurang aki-aki, rada nyentak mangsa tumanyana téh. Tapi sok sanajan kitu, ari sapasang panonna mah siga nu hésé pisan pikeun ngiceup, mangsa nempo éndahna pangbébénjo anu mangrupa dua gundukan daging neuhneur dina dada éta wanoja.
Belenyéh, Si Kumbay sura-seuri, gulak-gilek bari ngelél-ngelélkeun létahna, teu béda wé jeung anu keur ngalétakan és nong-nong.
"Ih, rarujit, siah! Saha ari sia, koplok?" Asa dicoo gado tayohna mah, éta aki-aki nyentak kalayan siga anu pohara keuheuleunana.
"Ehehehe.... Nanaonan ari nyanéh, Kumbay?" ceuk Ki Cakra anu ngurunyung ti jero imah, tayohna mah panasaran alatan ngadéngé nu ribut di tepas imah.
Tétéla, sok sanajan malih rupa jadi wanoja geulis anu pohara bahénolna, tapi ari Ki Cakra mah henteu nepi ka kabobodo ténjo kasamaran tingal.
"Si Kumbay?"
"Hah..., Si Kumbay?"
"Kumbay..., ieu téh manéh?"
Kang Atang jeung nu séjénna jadi rungah-ringeuh sanggeusna ngadéngé kekecapan Ki Cakra mah. Nyeéh, éta wanoja sura-seuri bari gutak-gitek deui.
Burinyay..., jleg!
Ilang wujud wanoja, jirim Si Kumbay robah deui kana wujud aslina.
"Euh..., enya wé geuning silaing, Sarkumbay!"
"Geuning geus bisa mancala putra mancala banci ayeuna mah, euy?"
"Mancala putra-putri, meureun!"
"Hahahaha.... Heueuh, nya!"
Barakatak, saréréa jadi saleuseurian. Si Kumbay ogé jadi guar-gaur.
"Geuning geus bisa robah wujud ayeuna mah, Kumbay?" Ki Cakra kurang-kerung neuteup lodaya anu ngadakom di hareupeunana.
"Geus diubaran ku Dén Aji."
Sakedapan mah Ki Cakra jeung nu séjénna ngan ukur barengong.
"Kumbay..., ari Si Aji, mana?" Nyi Yati anu ngurunyung ti jero imah, mangsa nempo Si Kumbay téh langsung baé nanyakeun anakna.
"Keur di Karajaan Trisula Emas, Nyimas."
"Di Karajaan Trisula Emas?" Ki Cakra kurang-kerung.
Si Kumbay mah ngan ukur némbalan ku unggeuk.
"Terus, naha manéh maké waka balik?" Teuteup Ki Cakra pinuh kapanasaran.
"Dariuk heula atuh!" Si kumbay rut-rét ka nu keur patingjaranteng di hareupeunana.
Gék, saréréa ngariung di éta tepas.
"Naha manéh maké balik tiheula, Kumbay?" tanya Kang Atang siga anu geus teu sabar.
"Lain balik. Kaula mah dititah nepikeun heula béja ka Ki Patih."
"Dititah nepikeun béja naon?" Ki Cakra siga anu mingkin panasaran.
"Ceuk Dén Aji, siapkeun pasukan saloba-lobana, sarta sagancangna bawa ka Trisula Emas."
"Rék nanahaon mawa pasukan ka Trisula Emas?" Ki Cakra kurang-kerung deui.
Barabat wéh geus kitu mah, Si Kumbay nyaritakeun alesanana.
__ADS_1
"Waduh..., bener-bener kudu sagancangna ditulungan ari kitu mah!" Ki Cakra siga anu pohara reuwaseunana sanggeusna Si Kumbay réngsé cacarita mah.
"Teras, ayeuna kedah kumaha, Ki Patih?" Salah saurang aki-aki neuteup k Ki Cakra.
"Nya kudu sagancangna, siapkeun kabéh pasukan! Tapi, ké ké ké.... Ari perkara wangsit téa, kumaha?" témbal Ki Cakra, kituna téh ditungtungan nanya deui ka Si Kumbay.
"Geus réngsé, Ki Patih. Guruna geus kapanggih. Ngan, poé harita papanggih, poé harita kénéh guruna mah tilar dunya."
"Maot? Innalillahi wainna ilaihi rojiun!"
"Inalillahi wainna ilahi rojiun!"
Ki Cakra jeung anu séjénna, saur manuk ngucap kalimah pangjajap pikeun nu maot.
"Saha guruna téh, Kumbay?" tanya Ki Cakra deui.
"Ngaranna mah Bah Somad. Nyamuni jadi jalma owah. Ngan, ku seukeut-seukeutna batin Dén Aji, najan kitu ogé bisa kapanggih."
"Bah Somad?" Ki Cakra kurang-kerung.
"Enya. Ngaran aslina mah Abdusomad."
"Abdusomad? Masya Alloh...!" Ki Cakra mah nepi ka pohara ngajenghokna mangsa ngadéngé éta ngaran téh.
"Na saha ari Abdusomad téh, Ki Patih?" Salah saurang aki-aki ngalungkeun pananya.
"Abdusomad téh muridna Éyang Giripala anu dirusiahkeun, sarta embungeun hirup jadi gegedén. Kahoyong anjeunna mah ider-ideran enggoning ngabarokahan ungal wewengkon, kalayan teu kanyahoan ku jalma réa."
"Atuh ari Éyang Giripala mah guruna Kangjeng Prabu Siloka Wicakra?"
"Mémang heueuh. Bagja..., pohara bagjana Dén Aji mah! Sigana mah éta Bah Somad téh, ngahaja ngadagoan jelema anu cocog pikeun narima élmu ti dirina. Matak, sanggeusna élmuna diturunkeun ka Jang Aji mah, langsung baé mulang ka Nu Kagungan."
"Masya Alloh...!"
"Allohu Akbar...!"
Anu keur ngariung, nepi ka marolohok sanggeusna ngadéngé kekecpan Ki Cakra anu samodél kitu mah.
"Teras, ari ayyeuna, ketak urang téh kedah kumaha, Ki Patih?" Saurang aki-aki nyelengkeung deui.
"Sagancangna, siapkeun sakabéh pasukan. Sabab, ieu paréntah ti Radén Aji anu geus jadi pamingpin urang!"
"Siap, Ki Patih!"
"Hidup, Radén Aji...!"
"Hidup...!"
"Hidup Radén Aji...!"
"Hidup...!"
Aki-aki patingkeuleuweuh siga anu sumanget pisan.
Geus kitu mah welasan aki-aki anu minangka prajurit satiana Parabu Siloka Wicakra, gura-giru baé aramitan, pikeun sagancangna nohonan paréntah ti nu jadi pamingpinna.
"Ari abdi sareng pun bojo kedah kumaha, Ki?" Kang Atang siga nu bingung.
"Caricing wé hidep duaan mah. Dagoan di dieu, da moal balég milu perang ogé!"
"Eu kumaha saéna wé. Abdi sareng pun bojo mah seja tumut kana kasauran Aki."
"Alus. Kumbay..., ka Si Tangkar, ka dieu kituh ceuk kaula!" ceuk Ki Cakra, ditungtungan ku maréntah ka Si Kumbay.
"Siap, Ki Patih!"
Burinyay...,jleg!
Jirim Si Kumbay robah deui kana wujud wanoja bahénol anu jadi karesepna. Rét, ka Kang Atang. Gulak-gilek, sura-seuri bari ngadadahan.
"Hahaha.... Teu kabita, Kumbay. Da geus nyaho, manéh mah wanoja bulu!" ceuk Kang Atang, dibarengan ku nyakakak.
Kalayan bari gutak-gitek tur sura-seuri, geus kitu mah gancang baé Si Kumbay ninggalkeun Kang Atang, Nyi Yati jeung Ki Cakra, anu bati gogodeg sarta patingséréngéh nempo pamolah salah saurang pajurit ti golongan jin, anu satia ka Prabu Siloka Wicakra jeung ka turunanana.
Hanca.
__ADS_1