
BANJIR GETIH DI DARMAPATIH
(36)
Beurang geus kasilih ku peuting. Cahya bulan lumayan cangra, sok sanajan can manjing mangsa purnama. Dina mangsa harita, Radén Anjana anu kiwari geus ngawasa jadi raja, keur ngariung jeung sakabéh abdi dalemna. Ki Patih Purwasesa, Radén Angkara, Bah Goncrang jeung anu séjénna ogé henteu tinggaleun, malah mah Nyimas Pandani ogé aya dina éta riungan.
"Hahaha.... ngerahkeun satengah kakuatan ogé, sigana cukup pikeun meruhkeun Trisula Emas mah. Lain kitu, Ki Patih?" Radén Anjana ngarérét ka Ki Patih Purwasesa, anu kalungguhanana mayeng jadi patih karajaan.
"Langkung ti cekap, da jumlah prajurit Trisula Emas mah mung saparapatna tina jumlah prajurit urang."
"Hahaha.... Enya, kaula ogé geus nyaho. Nyi Manik, Bah Goncrang..., ari pasukan jin geus disiapkeun?"
"Kantun maréntah, Kanjeng Prabu!" Bah Goncrang anu némbalan, kituna téh jadi ngabasakeun Kangjeng Prabu ayeuna mah ka Radén Anjana téh. Ari Nyi Manik mah teu lémék teu nyarék, tina teuteupna ogé siga anu euweuh kasumangetan pisan.
"Alus! Teu kudu loba-loba teuing mawa prajurit jin mah. Tilu ratus ogé cukup, da Trisula Emas mah teu bogaeun pasukan jin."
"Dawuh timbalan, Kangjeng Prabu!"
"Hahaha.... Ki Patih..., hadé ieu siasat anjeun téh. Ku cara kieu, urang jadi boga alesan pikeun ngawasa Trisula Emas keur ka hareupna. Tapi omat, ari Nyimas Weningna mah kudu katéwak dina kaayaan hirup, sabab kaula mah bener-bener misuka ti geus lila kénéh ogé!" ceuk Radén Anjana deui, anu tétéla geuningan, pangna Ki Patih Purwasesa maké cara kasar dina ménta Nyimas Wening pikeun dijadikeun pipamajikaneun Radén Anjana téh, ari sabenerna mah ngan ukur bagéan tina siasat, anu sigana mah geus kairong ti anggalna, yén ku cara kitu mah pihak Trisula Emas téh bakal leuwih milih baruntak atawa ngalawan.
Ki Patih Purwasesa mah nepi ka dangah mangsa meunang pamuji ti Radén Anjana anu samodél kitu téh. Sapasang liang irungna ogé nepi ka bareukah, meujeuhna siagana mun seug dipaké pameutingan gaang jeung jangkrik mah.
"Rupina, ari Kangjeng Prabu mah teu kedah ngiring ka médan perang. Linggih baé di karaton bari ngantosan hasilna," ceuk Ki Patih Purwasesa siga anu hayang kaalem.
"Rék milu kaula ogé. Hayang nyaksian sacara langsung, mangsa Trisula Emas beunang dikawasa ku kaula."
"Upami kitu mah teu langkung Kangjeng Prabu baé, kawitna mah bilih wé Kangjeng Prabu ngaraos capé."
"Puguh hayang nyaksian sacara langsung kaula mah, Ki Patih. Lamun Trisula Emas geus kawasa, karajan-karajaan leutik anu séjénna ogé kudu sagancangna dikawasa sarta jadi bagéan tina karajaan urang, sangkan karajaan Darmapatih mingkin ngalegaan!"
Ki Patih Purwasesa, Bah Goncrang jeung anu séjénna, arunggut-arunggutan cicirén sapuk tur ngabenerkeun kana kekecapan nu jadi rajana.
"Ké ké ké...! Ari manéh kunaon, Nyi Manik, katempona téh bet siga anu euweuh kasumangetan pisan?" Radén Anjana kurang-kerung neuteup Nyi Manik.
Nyi Manik mah ngan ukur tungkul mangsa ditanya kitu téh.
"Nyarita, Nyi Manik! Na manéh teu suka lamun kakawasaan karajaan urang nambahan lega?" ceuk Radén Anjana deui, kituna téh bari siga nu ambek tina ari tina cara ngomongna mah.
"Eu..., sanés kitu, Kangjeng Prabu! Ari kedah balaka mah abdi téh asa teu genah rasa. Dina paningal ogé bet kokolébatan baé, patinggolokgokna getih ti pihak Darmapatih, utamina pisan mah ngaburialna getih tina dada sareng tina masataka salira." Antukna mah Nyi Manik ngedalkeun panempo batinna.
Pikeun sakedapan mah Radén Anjana ngadon hulang-huleng, da jeung enyana, ari sabenerna mah dirina ogé bet asa teu genah rasa.
"Hahaha.... Teu kedah digugu kekecapan Nyi Manik mah, Kangjeng Prabu! Buktosna, bet dina paningalna Nyimas Pandani anu tingkatan élmuna langkung luhung mah, kapanan saurna, Darmapatih téh bakal hasil kalayan gampil tur nyugemakeun. Lain kitu, Nyimas Pandani?" ceuk Ki Patih Purwasesa, kituna téh ditungtungan ku ngarérét ka Nyimas Pandani.
"Ihihihi.... Bener pisan, Kangjeng Prabu. Cahya sumirat bakal mubyar sanggeusna Kangjeng Prabu ngawasa Trisula Emas. Sarta Darmapatih ogé, ari lila ku lila mah bakal dipikagimir ku Karajaan Batununggal. Sabab, Kangjeng Prabu boga Ki Patih anu siasatna teu weléh sampurna!" Nyimas Pandani siga anu hayang ngayakinkeun.
"Hahaha.... Geus wé geura molor atuh sia mah, Nyi Manik. Keur tunduh meureun matak tetempoan manéh samodél kitu ogé!" Kayakinan Radén Anjana siga anu kahudang deui sanggeus ngadéngé kekecapan Nyimas Pandani anu samodél kitu mah.
Barakatak, méh kabéh saleuseurian.
Ari Nyi Manik mah ngan ukur tungkul mangsa dikitukeun ku Radén Angkara sarta disaleungseurikeun ku nu keur araya di dinya téh, da geus jelas, saurang ogé taya anu ngabéla kana kekecapanana.
__ADS_1
"Badé iraha miangna, Kangjeng Prabu?" Ki Patih Purwasesa neuteup rajana.
"Wanci janari kudu geus indit. Sangkan sanepina ka Trisula Emas téh teu beurang teuing. Mawa arak sing loba. Kaula mah hayang pésta arak di médan perang téh. Hahahaha...!"
"Unjuk sumangga, Kangjeng Prabu! Upami kitu mah abdi amitan baé, badé saénggalna ngadugikeun sasauran Kangjeng Prabu ka paraprajurit."
"Alus. Henjung, maranéh ogé bantuan ngabéjaan!" témbal Radén Anjana, ditungtungan ku rut-rét ka sakabéh abdi dalemna.
Geus kitu mah saréréa ninggalkeun éta rohangan, pikeun sagancangna nohonan paréntah ti nu jadi raja anyarna. Iwal Radén Angkara anu teu pipilueun ngabéjaan paraprajurit téh, manéh mah malah gura-giru baé muru ka rohangan pribadina.
"Kakang...." cenah, ceuk hiji sora anu pohara pisan halimpuna, mangsa Radén Angkara rék mukakeun pisan panto.
Sanggeus dilieuk, tétéla Nyimas Pandani ujug-ujug geus aya di tukangeun Radén Angkara. Nyimas Pandani runya-renyu bari nyoo buukna anu panjang. Basa awak jeung rindat matana éstuning pinuh ku panangtang, sarta mampuh ngabalukarkeun ngagolakna getih birahi, jeung nambahan jumlahna tulang.
Teu diengkékeun deui, kojéngkang, giriwil, Radén Angkara anu lir dumadakan kahudang jiwa kalalakianana, gancang baé mayang Nyimas Pandani ka jero kamarna. Mangsa keur dipayang téh ari Nyimas Pandani mah siga anu geus lila nyidem motahna galura rasa, teu eureun ludat-lédot kana beuheung Radén Angkara.
Gebrug..., sorolok..., jeprét, jeprét!
Maké rémot anu batréna sarébu lima ratusan wé sugan mah, panto jeung tulak-tulakna dumadakan narutup sarta patingsorolok ngonci ku sorangan, dina mangsa lawangna pantona geus kaliwatan.
Brug!
Sanepina ka kamar, satengah dialungkeun, Nyimas Pandani digolérkeun dina empukna kasur.
Gajleng!
Siga anu geus teu sabar, gancang baé Radén Angkara ngagabrug Nyimas Pandani. Silihlédot, silihkenyot, nepi ka antukna mah papuket bari gulatak-gulitik ka di ditu ka dieu. Amparan sepré ogé nepi ka acak-acakan.
"Eughh..., hébat, Kakang!" Nyimas Pandani neuteup keudeu, kalayan sorana anu semu haroshos, kituna téh bari gancang nyimbutan awakna, tayohna mah sieun kaasupan angin lalakina.
Radén Angkara mah ngan ukur neuteup dibarengan ku sura-seuri, bari sabeulah leungeunna hideng ngusapan buuk Nyimas Pandani.
"Moal lila deui, Kakang bakal jadi raja, sarta kuring jadi praméswarina. Urang kawasa kabéh karajaan, kaasup karajaan Batununggal!" ceuk Nyimas Pandani deui.
"Enya, Nyimas. Tapi sing ati-ati, ulah nepi ka aya anu ngayahoankeun!" témbal Radén Angkara, jadi maké basa loma ari geus conggah mah.
"Sing percaya, Kakang. Perlayana Si Anjana dina poé isukan, rék diupayakeun sangkan katempona dibalukarkeun alatan beunang ku gempuran lawan."
"Hmm, enya, Kakang percaya pisan, Nyimas."
Nyéh, Nyimas Pandani seuri. Radén Angkara ogé males ku seuri. Silihteuteup, silihtangkeup, napi ka antukna mah papuket sarta teuteuleuman deui ngojayan sagara rasa, anu lir taya sudana.
Dina peuting jeung waktu sarua, dina mangsa pihak Darmapatih keur tatan-tatan enggoning nyiapkeun sagalarupana téh, anu keur lumangsung di Karajaan Trisula Emas ogé teu jauh béda. Mangsa harita, Ki Patih Sampala jeung puluhan abdi dalemna, keur sibuk ngatur rébuan prajurit anu geus karumpul di alun-alun, anu upluk-aplak pohara legana, anu perenahna éta alun-alun téh, paeunteung-eunteung pisan jeung wangunan karaton. Prabu Ungkara, Nyimas Wening jeung nu jadi indungna, ngawaskeun tina bébénténg karaton.
"Duh..., sing disaralametkeun, Ya Alloh...!" Indung Nyimas Wening mah siga anu loba kamelang dina paroman beungeutn téh.
"Padahal mah wios atuh, Kangjeng Rama. Mending kénéh abdi anu janten korban, demi kalumangsungan karajaan urang!" Rada rambisak ku cimata Nyimas Wening mah mangsa nyarita kituna téh.
"Rék dikamanakeun harga diri Rama jeung harga diri karajaan urang téh, ari Rama kudu ngéléhan waé ka Darmapatih anu mingkin dieu mingkin nincak sarta ngalunjak mah?" témbal Prabu Ungkara, tandes kacida.
Ngan ukur bisa tungkul Nyimas Wening jeung indungna mah mangsa Prabu Ungkara ngomong kitu téh.
__ADS_1
"Daro'akeun wé angguran mah. Sangkan prajurit urang bisa ngungkulan pihak Darmapatih!" ceuk Prabu Ungkara deui.
Nyimas Wening jeung indungna mah ngan ukur némbalan ku unggut-unggutan.
"Dupi Radén Aji, badé ngiring ka médan perang, Kangjeng Rama?" Dina beueusna cimata, Nyimas Wening neuteup bapana.
"Nya komo wé. Ari bisi kudu dicaritakeun mah, pihak karajaan urang mah ngandelkeun Radén Aji pisan enggoning ngalawan Darmaptih téh."
"Hmm, geuning teu acan katingal, Kangjeng Rama."
"Keun baé, keur saré kénéh meureun, da beurangna geus capé baranggawé."
Wrukh..., séor...!
Keur kitu, hawar-hawar kadéngé gelebugna angin anu dibarengan ku patingbarasat warna-warnina cahya ti belah kiduleun alun-alun, sarta mingkin lila mingkin ngadeukeutan. Prabu Ungkara, Ki Patih Sampala jeung nu séjénna, nepi ka rungah-ringeuh mangsa nyaksian éta kajadian téh.
Suruwuk..., séot..., séot..., séot...!
Rébuan warna-warnina cahya anu datangna dibarengan ku gelebugna angin, patingsirorot sanggeusna persis pisan aya di luhureun alun-alun.
Séot..., burinyay...,jleg jleg jleg jleg jleg!
Rébuan warna-warnina cahya anu pasusul-susul turun ka alun-alun, dumadakan jlug-jleg jadi rébuan jirim anu rupa-rupa warnanya. Éh, anu rupa-rupa wujudna nu dimaksad téh, Pamirasa! Rébuan warna-warnina cahya anu jlug-jleg dina rupa-rupa jirim, ratusan di antarana mah ditarumpakan ku ratusan jirim aki-aki. Geus kitu mah angin anu saméméhna ngagelebug ogé dumadakan leungit teuing ka mana losna.
Tétéla geuning, anu datang téh taya lian Ki Cakra jeung rébuan prajuritna. Ki Cakra kalayan gagah anjeucleu dina tonggong Si Kumbay. Nempo kitu, Ki Patih sampala jeung rébuan prajuritna mah nepi ka marolohok mata simeuteun.
"Ieu meureun pasukan Radén Aji téh, nya?"
"Heueuh, geus moal salah deui!"
"Lumayam loba geuning!"
Rébuan prajurit Trisula Emas jadi sahéng alatan patingkecewis jeung pada baturna. Dina kaayaan kitu, gancang baé Ki Patih Sampala mah nyampeurkeun ka pasukan Ki Cakra.
"Sampurasun. Hapunten kumawantun. Dupi ieu téh leres, pasukan anu diangkir ku Radén Aji?" ceuk Ki Patih Sampala, mangsa geus aya di hareupeun Ki Cakra, anu harita masih kénéh anjeucleu dina tonggong lodaya. Can wawuheun tayohna mah Ki Patih Sampala ka Ki Cakra téh.
"Bener pisan. Kaula Ki Patih Cakra. Datang ka dieu alatan narima parétah ti Radén Aji!" témbal Ki Cakra, kalayan pinuh ku wibawa.
"Ampun paralun, teu gaduh maksad culangung, abdi mah leres-leres teu terang. Nyanggakeun sembah pangabaktos, Ki Patih Agung! Nepangkeun, abdi Purwasesa, salaku patih di ieu karajaan." Ki Patih Sampala nyedok nyembah.
"Hmm, katarima pisan, Ki Patih. Ari Radén Aji di mana?"
"Aya di karaton. Mangga atuh atuh ka karaton, Ki Patih Agung!" Ki Patih Sampala pohara rengkuhna.
"Sok, tiheula! Kaula ogé hayang panggih jeung raja anjeun."
Sanggeus nyedok deui nyembah mah, gura-giru baé Ki Patih Sampala ngaléngkahkeun sukuna.
Gaur...!
Si Kumbay ngagaur, sarta anu saterusna mah gura-giru nuturkeun léngkah Ki Patih Sampala, anu leumpangna mingkin gancang, méh satengah lulumpatan.
__ADS_1
Hanca.