BANJIR GETIH DI DARMAPATIH

BANJIR GETIH DI DARMAPATIH
BANJIR GETIH DI DARMAPATIH, episode 48


__ADS_3

BANJIR GETIH DI DARMAPATIH


(48)


"Sia deui, sia deui, bebenyit koplok!" Nyimas Pandani siga anu pohara jéngkélna, sanggeus sidik, yén budak satepak anu geus nyalametkeun Nyi Manik jeung Bah Goncrang téh tétéla geuning Jang Aji.


"Apa sareng Ema mah caralik heula di dieu wé, nya!" Jang Aji mah teu maliré ka Nyimas Pandani anu keur hohoak, malah nitah Nyi Manik jeung Bah Goncrang sangkan dariuk dina catang.


"Ema?" Nyi Manik rada bengong mangsa Jang Aji ngabasakeun ema ka dirina téh.


"Muhun, Ema sareng Apa mah arantosan heula di dieu!"


Anéh, teuing naon sababna, mangsa Jang Aji ngabasakeun deui ema jeung bapa téh, Nyi Manik jeung Bah Goncrang mah bati silihteuteup dina kaayan panon anu siga dumadakan beueus ku cimata.


"Kuanon, Ema..., Apa?" Jang Aji kurang-kerung ngabagi teuteupna.


"Eu..., henteu, Kasép. Sing ati-ati, nya, bageur!" témbal Bah Goncrang semu dareuda.


Teu loba tatanya deui ari geus kitu mah, sanggeusna unggeuk, gancang baé Jang Aji malikeun awakna, anu saterusna mah ngojéngkang nyampeurkeun Nyimas Pandani anu keur neuteup seukeut ka dirina.


"Saha ari sia nu sabenerna, bebenyit?" Nyimas Pandani tutunjuk ka Jang Aji.


"Hehee.... Piraku Nini Praméswari teu uninga? Pan tangtosna ogé ku Kakang Angkara parantos diwartosan."


Gebeg!


Siga anu pohara reuwaseunana Nyimas Pandani mah mangsa ngadéngé kekecapan Jang Aji anu samodél kitu téh. Nyi Manik jeung Bah goncrang ogé nepi ka kurang-kerung.


"Jadi, sia bisa nempo aing nu sabenerna?"


"Nya tiasa atuh, Ni. Pan abdi ogé dipasihan soca. Tah..., ieu socana, tah!" Jang Aji ngabelél-belélkeun dua panonna."


'Waduh..., gableg élmu naon ieu pejuh téh? Sabab salila ieu, can kungsi aya anu bisaeun nempo kana wujud aing nu sabenerna mah!' gerentesna Nyimas Pandani.


"Teu gaduh élmu nanaon abdi mah, Nini. Sami wé sareng Nini, usik malik kersaning Gusti."


Gebeg!


Pikeun anu kasakitu kalina Nyimas Pandani nepi ka ngagebeg deui waé, sabab tétéla Jang Aji mampuh ngadéngéeun kana gerentes haténa.


"Murid saha ari sia, Sarji?" tanyana Nyimas Pandani, anu tayohna mah geus nyahoeun kana ngaran Jang Aji.


"Teu kedah palay uninga perkawis éta mah. Saéna mah ayeuna Nini geura mulih, geura tobat, geura eureunan sakur-sakur kaawonan!"


"Si koplok..., malah mamatahan ngojay ka meri!"


"Oh, Nini téh meri?" Jang Aji rada ngalonyéng.


"Gandéng, sétan. Modar, siah. Héakh...!"


Gajleng..., séak...!


Dina kaayaan amarah anu geus pohara nguntab-nguntabna, sanggeusna ngomong kitu téh langsung baé Nyimas Pandani ngagajleng pikeun narajang Jang Aji.


Swuk...!


Ranggoasna kuku dina leungeun Nyimas Pandani rék nyabet beungeut. Tapi, Jang Aji ogé geus waspada, gancang baé ngelokkeun sirahna.


Lep..., plos...!


Panarajang Nyimas Pandani ngan ukur ngahakan angin.

__ADS_1


Séak..., wut wut wut..., swuk...!


Sangeplosna panarajang anu munggaran téh, langsung baé Nyimas Pandani ngayakeun panarajang-panarajang susulan anu leuwih ngabahayakeun batan saméméhna. Tapi, Jang Aji ogé teu mikeun kitu waé ari awakna kudu rajét balas kacakar ku panarajang nu jadi lawanna mah, kalayan dina gerakan anu pohara gesitna Jang Aji gulak-gilek babalicetan, engngoning nyingkahan sakur panarajangna Nyimas Pandani.


Lumayan lila Jang Aji jeung Nyimas Pandani hut-hetna téh, kalayan duanana ogé pada-pada dina gerakan anu pohara cepetna, nepi ka ngan ampir patingkolébatna kalangkang wungkul ari katempona ku Nyi Manik jeung ku Bah Goncrang mah.


"Saha guruna Radén Aji téh? Budak kénéh geus sakitu saktina!" gerendengna Bah Goncrang siga anu keur tumanya ka dirina sorangan.


"Teuing. Ngan ari nu jelas mah, tina kacepatan gerakna ogé geus bisa dipastikeun, yén kamampuhanana leuwih luhung batan Nyimas Pandani."


"Enya. Sugan wé éta awéwé jahanam téh bisa dilumpuhkeun!"


"Kami mah asa kahutangan nyawa. Matak, saupama Jang Aji unggul téa mah, kami mah hayang biluk, hayang gumati ka Radén Aji." Kekecapan Nyi Manik pohara tandesna.


"Sarua, Nyai. Jeung tadi deuih, basa Radén Aji ngabasakeun Ema jeng Apa, bet ras inget ka incu urang anu geus maot. Asa patingsérédét kana haténa ogé," témpas Bah Goncrang, anu tétéla geuning Nyi Manik téh pamajikanna.


"Lain bohong, anu karasa ku kami ogé nya kitu pisan. Matak..., awas, Dén...!"


Nyi Manik teu neruskeun omongnana, malah ngajorowok siga anu pohara pisan reuwasna, mangsa nempo karémbong Nyimas Pandani anu ngabelesat rék nyabet beuheung Jang Aji.


Lep!


Sakilat Jang ngelok, sarta sakaligus, mabadkeun sukuna rék nuar bincurang lawan.


Jleng!


Nyimas Pandani ngajaul pohara luhurna. Dina kaayaan awakna anu keur ngalayang, langsung baé Nyimas Pandani ngebutkeun karémbongna.


Swuk..., jelegur...!


Taneuh nepi mancawura, mangsa kabeunangan ku panarajangna Nyimas Pandani. Ari Jang Aji mah teu kunanaon, da kaburu ngagajleng ka belah katuhu.


Juralit..., juralit.., clé!


"Iihihihi.... Teu goréng-goréng teuing sakitu mah, bebenyit!" ceuk Nyimas Pandani, anu harita jarakna jeung Jang Aji téh kira-kira tujuh méteran jauhna.


Jang Aji mah ngan ukur nyéréngéh mangsa Nyimas Pandani ngomong kitu téh.


Swuk..., wer..., wer...!


Nyimas Pandani muter-muter karémbongna dina luhureun sirah. Marengan muterna éta karémbong, dumadakan aya cahya héjo anu pohara ngempurna.


"Kadé, Dén..., ati-ati!" géréwékna Nyi Manik siga nu melang pisan.


Jang Aji mah teu ngarérét-ngarérét acan, paneuteupna museur kana buleudan cahya héjo anu dibalukarkeun ku muterna karémbong Nyimas Pandani.


"Héakh...!" Nyimas Pandani ngebutkeun karémbongna, dibarengan ku ngajorowok pohara tarikna.


Swuk..., belesat...!


Cahya héjo anu muter pohara tarikna, ngabelesat muru ka Jang Aji. Rada jauh kénéh ogé geus karasa ku Jang Aji, panarajangna Nyimas Pandani téh dibarengn ku hawa anu pohara pisan panasna.


Jleng!


Jang Aji luncat pohara pisan luhurna.


Wer...,wer..., wer..., dorokdok...,dorokdok..., geretek..., gedur...!


Sakur tatangkalan anu kabeunangan ku panarajangna Nyimas Pandani, patingdorokdok sarta anu saterusna mah patinggeretek siga anu dibanjur ku bénsin. Jang Aji mah henteu nepi ka ngajenghok mangsa nempo éta kajadian téh, da saméméhna ogé geus kungsi nyaksian kana élmuna Nyimas Pandani anu samodél kitu.


Juralit..., juralit..., clé!

__ADS_1


"Héakh...!"


Karék mah Jang Aji napakkeun deui sukuna, Nyimas Pandani geus nyusul tepus ku panarajang anu sarua.


Swuk..., busiat.... Éh, belesat...!


Cahya héjo tina karémbonh Nyimas Pandani, ngabelesat lempeng pisan ngarah kan awak Jang Aji. Ayeuna mah Jang Aji teu nyingkahan panarajang siga saméméhna, malah ngajengjen siga anu ngahaja ngadagoan.


"Awas, Dén...!" Nyi Manik siga anu pohara melangeunana.


Jang Aji mah angger baé ngajengjen dina tempatna, teu kungsi obah najan ngan ukur satunjang béas. Malah mah teu katempo sikep anu keur tatan-tatan pikeun nadah panarajang lawan. Ngan, mangsa kira-kira cahya héjo anu digempurkeun ku Nyi Pandani kari sababaraha jengkal deui, sakilat Jang Aji ngadorongkeun dua leungeunna.


Swuk..., jelegér...!


Cahya héjo tina gempuran Nyimas Pandani ancur sapada harita, sanggeusna dipapag ku cahya bodas anu ngabelsat tina leungeun Jang Aji.


"Waduh..., bener-bener sakti Radén Heri téh!" Nyi Manik pohara ngajenghokna.


"Radén Aji!" Bah Goncrang rada muncereng.


"Tah, éta!"



Nyi Manik jeung Bah Goncrang nepi ka ngembang kadu mangsa nempo ajén wewesén anu dicangking ku Jang Aji téh. Nyimas Pandani ogé sarua ngajenghokna nempo kitu mah, sabab gempuran dirina anu bieu téh éstuning geus dibarengan ku tanaga jero nu sapinuhna.


"Hehehe.... Badé nyobian deui, Nini?" Jang Aji sura-seuri.


Teu kungsi némbalan, gancang baé Nyimas Pandani kunyam-kunyem mapatkeun jangjwokanana.


Puh!


Nyimas Pandani niup karémbongna.


"Hyakh...!"


Bareng pisan jeung gorowokna, Nyimas Pandani ngebutkeun karémbongna kana taneuh.


Bes..., suruwuk...!


Karémbong Nyimas Pandani nobros kana jero taneuh. Simpé pikeun sakedapan mah, karémbong Nyimas Pandani teu katémbong deui gerakna. Sajongjongan mah Jang Aji ngan ukur kurang-kerung, alatan teu nyaho kana naon anu keur dilakukeun ku nu jadi musuhna.


Rieg..., rieg!


Teu lila antarana, éta patempatan dumadakan inggeung, sarta mingkin lila ruag-riegna mingkin narikan. Jang Aji kurang-kerung. Tapi teu lila kituna téh, gancang baé Jang Aji ngagajleng pohara jauhna, mangsa karasa aya anu nyuruwuk ti handapeun taneuh, persis pisan dina handapeun sukuna.


Suruwuk..., byar...!


Taneuh jeung batu mancawura kalayan pohara pisan rongkahna.


"Waduh!


Nyi Manik jeung Bah Goncrang mah nepi ka pohara ngararénjagna. Sabab, anu nyuruwuk tina jero taneuh téh tétéla geuning hiji naga anu pohara badagna. Dina sirah éta naga dipapaés ku tanduk anu héjo kelirna.


Hos..., hos...!


Tina baham jeung tina irung naga kaluar seuneu anu pohara ngabebelana. Sapasang panonna molot ka Jang Aji anu harita geus napakkeun deui sukuna kana taneuh.


"Iihihihi..., ihihihihi.... Kop, hakan. Béakeun jeung tulang-tulangna!"


"Hehehe.... Ngajak ngadu oorayan, Nini? Hayu, lah!" Jang Aji mah malah ngahéhéh, saeutik ogé teu témbong riuk-riuk kasieun dina paroman beungeutna.

__ADS_1


Sanggeus ngomong kitu téh, kusiwel, Jang Aji ngaluarkeun hatong tulang tina jeroeun bajuna, sarta anu saterusna mah ditiup nepi ka ngaluarkeun sora anu pohara ngajelengéngna. Boh Nyimas Pandani, pon kitu deui Nyi Manik jeung Bah Goncrang, sajonjongan mah ngan ukur kurang-kerung mangsa nempo pamolahna Jang Aji anu samodél kitu téh.


Hanca.


__ADS_2