
BANJIR GETIH DI DARMAPATIH
(34)
Saléosna Si Kumbay, Jang Aji mah pada nalék deui ku Prabu Ungkara jeung ku nu séjénna. Atuh Jang Aji, ari geus nyaho Trisula Emas aya dipihakna mah, sakur pananya ogé dijawab kalayan jujur. Anu araya di éta rohangan, kabéh ogé katempona téh jadi mingkin alajrih ari geus nyaho saha Jang Aji anu sabenerna mah.
"Nya kitu pisan ari sabenerna mah, Radén. Kaula jeung Ki Patih téh diperedih ku Kangjeng Prabu Siloka Wicakra dina impian anu noron salila tilu peuting, sangkan daék mantuan turunanana, enggoning ngarebut deui Darmapatih anu mémang geus jadi hakna. Geus teu sabar ari sabenerna mah kaula téh, hayang geura panggih jeung turunan Kangjeng Prabu Siloka Wicakra. Kari-kari, ayeuna dipanggihkeun, kalayan Radén anu datang sorangan, nya puguh wé pohara bagjana ari pikeun kaula mah. Sabab, saeutik gedéna kaula téh jadi boga harepan anyar, pikeun ngabébaskeun karajaan kaula tina kasawenang-wenangan Darmapatih salila ieu." Prabu Ungkara nembrakeun eusi haténa.
"Leres pisan, Radén. Mung Radén anu janten harepan hiji-hijina kanggo mulangkeun deui kajayaan tur kama'muran Darmaptih, anu pangaruhna bakal pohara pisan ageungna kanggo karajaan-karajaan anu sanésna. Karajan-karajaan alit sapertos Trisula Emas mah moal manggapulia ngalawan kakuatan Darmapatih mah, dina maksakeun ngalawanna ogé ari saur kasarna téa mah mung sosoro kojor masrahkeun nyawa." Jadi maké basa nu hadé ayeuna mah Ki Patih Sampala ngomongna ka Jang Aji téh.
"Leres pisan, Radén. Da Pasukan prajurit Darmapatih mah pohara seueurna, aya kana opat tikeleunana ti pasukan prajurit Trisula Emas. Teu acan deui paraprajurit ti bangsa jinna." Saurang abdi dalem milu nyarita.
"Ari kitu, Trisula Emas mah teu kagungan prajurit ti golongan jin?" Jang Aji rut-rét ka Prabu Ungkara jeung ka patihna.
"Teu meunang. Kabéh karajaan leutik mah dicarék ku Karajaan Darmapatih jeung ku Karajaan Batununggal, teu meunang ngaboagan prajurit ti golongan jin." Prabu Ungkara anu némbalan.
"Hmm, licik atuh ana kitu mah!"
"Nyéta atuh, sangkan lemah meureun, sangkan mingkin teu wani pikeun baruntak. Oh enya, ari pasukan anu dipingpin ku Ki Cakra téh sabaraha rébu jumlahna?"
"Jumlahna mah mung ratusan, Kangjeng Prabu. Moal langkung ti tilu ratus prajurit."
"Kur tilu ratus?"
"Saura jeung bohong atuh ari kitu mah!"
"Heueuh, ari sugan téh nepi ka ngarébuna!"
Méh kabéh anu keur araya di dinya némbongkeu paroman anu kuciwa.
"Sakitu téh paraprajurit golongan jalmina wungkul, ari prajurit ti golongan jinna mah kawilang seueur. Margi, salami puluhan taun téh Ki Cakra sareng réngrénganana, ngempelkeun kakuatan pasukan ti golongan jin, kanggo ngarebut deui Darmapatih. Aya panginten nembé kana tilu rébu prajurit waé mah."
"Oh."
Méh kabéh kedal ucap anu sarua, kituna téh dibarengan ku arunggut-unggutan.
"Sumuhun. Nanging, kanggo samentawis mah utamikeun nyalametkeun Trisula Emas heula wé, da ari ngarebut Darmapatih mah kedah langkung siap itu ieuna." Jang Aji rut-rét ka saréréa.
Prabu Ungkara jeung nu séjénna unggut-unggutan tandaning ngabenerkeun kana kekecapan budak satepak anu keur dirariungna
"Teras deui, dupi Ki Cakra téh...."
"Geus heula. Capéeun ari terus-terusan diperekpek ku pananya mah. Angguran mah sina dahar heula, karunya, jaba geus baranggawé!"
Prabu Ungkara gancang motong omongan salah saurang abdi dalemna, mangsa nempo Jang Aji siga anu geus capéeun teuing, sanggeusna salila-lila pada nalék ku puluhan jalma anu araya di dinya.
"Hatur nuhun, Kangjeng Prabu. Da leres pisan, parantos lapar ti tatadi abdi mah." Jang Aji siga nu bungah.
"Tuh, nya. Hayu atuh, daharna urang di rohangan kaula!"
"Duh, teu wararantun, Kanjeng Prabu. Isin!"
__ADS_1
"Lah, maké jeung éra sagala. Hayu!"
"Muhun, Dén. Sok wé teu kedah isin-isin!"
"Muhun, Dén. Sok énggal, geura tuang heula!"
Sanggeusna pada ngajurung-jurung ku Ki Patih jeung ku nu séjénna mah, antukna Jang Aji daékeun diajak dahar ku Prabu Ungkara. Sanggeus amitan ka saréréa, Jang Aji ngaléos ninggalkeun éta rohangan, nuturkeun Prabu Ungkara anu geus leuwih tiheula ngaléngkahkeun sukuna.
"Hmm, mudah-mudahan baé ari dibantu ku pasukan Radén Aji mah, mun seug Darmapatih nepi ka nyerangna ogé, pikeun saheulaanan mah karajaan urang téh bisa disalametkeun." Ki Patih Sampala rut-rét ka saréréa, mangsa Jang Aji jeung Prabu Ungkara geus kaluar ti éta rohangan.
"Nanging, ari sigana mah da keukeuh dina perkawis pasukan mah bakal éléh jumlah ku Darmapatih." Salah saurang abdi dalem nepikeun pangrasana.
"Mémang ari kitu téa mah, sok sanajan dihijikeun jeung paraprajuritna Radén Aji ogé, pasukan Darmapatih jauh leuwih punjul dina jumlahna. Tapi, ari ceuk pangira-ngira kaula mah, pihak Darmapatih ogé moal nepi ka ngerahkeun sakabéh prajuritna, da saeutik gedéna ogé geus bisaeun ngukur kana kakuatan karajaan urang. Komo, pan ayeuna mah pihak Darmapatihna ogé can nyahoeun, yén karajaan urang rék dbantuan ku pasukan Radén Aji."
"Leres pisan. Saupamina Darmapatih dugi ka nyerang téa mah, paling ogé mung ngerahkeun satengahna tina kauatan pasukan." Salah saurang abdi dalem langsung ngabenerkeun kana pamanggih Ki Patih Sampala téh. Ari puluhan abdi dalem anu séjénna mah ngan ukur arunggut-unggutan.
"Radén Aji kudu bener-bener didukung sapinuhna. Sabab, tina budi jeung parangina ogé geus kairong, bakal jadi saurang pamingpin anu hadé sarta nyaah ka rahayatna!" ceuk Ki Patih deui, pohara pisan tandesna.
"Siap, Ki Patih!"
"Hidup Dén Aji....!"
"Hidup...!"
"Hidup Dén Aji...!"
"Hidup...!"
Ki Patih Sampala jeung nu séjénna, siga anu manggih sumanget anyar ku ayana Jang Aji téh.
"Wening..., Nyimas...!" Prabu Ungkara ngeuleuweuh nyalukan anak jeung nu jadi pamajikanna.
Teu lila antarana, ngurunyung Nyimas Wening jeung indungna ti hiji rohangan. Rada kurang-kerung Nyimas wening mah mangsa nempo Jang Aji téh. Tapi teu lila kituna téh, antukna mah Nyimas wening manggut dibarengan ku imut. Asa aya nu sésélékét kana haté karasana ku Jang Aji mah mangsa Nyimas wening malédogkeun imut ka dirina téh. Bet aya rasa anyar pinanggih anu patingsulusup kana lolongkrang rasa, anu saméméhna can pernah kasaba.
"Kakang hayang dahar. Bawaan ka dieu sangu jeung deugeunana. Urang ngampar, sok ngeunah!" Prabu Ungkara ngaréret ka pamajikanna.
Sanggeus arunggeuk sarta silihrérét heula sakeudeung mah, kebat baé Nyimas Wening jeung indungna patingkoloyor muru ka hiji rohangan.
"Urang ngampar, Dén. Tuh, karpétna!" Prabu Ungkara nunjuk karpét anu digulungkeun di juru rohangan.
Sok sanajan Prabu Ungkara teu nitah sacara langsung, tapi Jang Aji mah hideng sorangan, gura-giru baé ngamparkeun karpét. Prabu Ungkara ngan ukur unggut-unggutan mangsa nempo kasigepan Jang Aji anu samodél kitu téh. Ari karpétna geus diamparkeun mah Jang Aji jeung Prabu Ungkara ogé guk-gék, dariuk pahareup-hareup.
"Ari ka Kang Tarya jeung ka pamajikanna téh kapi naon?" Tamba kesel teuing ngadagoan, Prabu Ungkara ngajak ngawangkong heula.
Barabat wéh Jang Aji nyaritakeun nu sabenerna, yén ka Mang Tarya jeung pamajikanna mah teu katalian baraya-baraya acan, tapi geus dianggap indung jeung bapa pédah geus haat ngampihan sarta mikanyaah ka dirina.
"Kitu ari jujutanana mah, Kangjeng Prabu. Sepuh abdi mah linggih sareng Ki Cakra, saprantosna aburan-aburan ti Darmapatih téh." Jang Aji mungkas caritna.
"Oh, jadi aslina mah, bener ti Darmapatih?"
Sanggeus unggeuk heula, barabat deui wéh Jang Aji nyaritakeun pangalaman diri jeung kulawargana, anu pangna nepi ka nganjrek jeung Ki Cakra téh, asal muasalna mah gara-gara Radén Angkara anu keukeuh mikahayang domba adu anu pohara pisan dipikanyaah ku dirina, anu dina mangsa harita mah dirina ogé can nyaho, yén domba adu kukutanana téh ari sabenerna mah Si Kumbay nu malih rupa.
__ADS_1
"Hmm, bener-bener jarahat jelema téh, nya!" Prabu Ungkara siga anu mangkeuheulkeun.
"Nanging aya untungna, Kangjeng Prabu. Abdi sakulawargi abur-aburan ti lembur téh, jaten tiasa tepang sareng Ki Cakra, sareng dugi ka guguru ka anjeunna."
Prabu Ungkara unggut-unggutan tandaning ngabenerkeun kana kekecapan budak satepak anu keur diuk pahareup-hareup jeung dirina. Sabot kitu, Ngurunyung Nyimas Wening jeung indungna anu barangbawa, dituturkeun ku tilu awéwé anu sigana mah badégana. Sok, sok, sangu, deungeuna anu réa rupana, inumeun jeung bungbuahanana, dijagragkeun dina amparan. Deungeunana ogé rupa-rupa, nyambuangkeun seungitna samara tujuh anu diréka-réka. Gék, Nyimas Wening diuk teu jauh ti Jang Aji. Indungna Nyimas Wening mah diukna méh ngaréndéng jeung salakina. Ari badéga anu tiluan, sanggeusna nunda dahareun mah, kebat baé patinglaléos deui ka rohangan séjén.
"Hensok, Ujang. Nyokot wé ku sorangan, tong asa-asa!" Indungna Nyimas Wening ngasor-ngasor boboko, mangsa Prabu Ungkara geus leuwih tiheula nyokot hancenganana.
"Sing sopan, tong nyebut Ujang. Radén, kituh!" Prabu Ungkara rada nyureng ka permaésurina.
Ari indungna Nyimas Wening mah malah kurang-kerung mangsa ngadéngé kekecapan salakina anu samodél kitu téh.
"Sawios, Kangjeng Prabu. Malih mah asa raoseun disebat Ujang ari kanggo abdi mah." Jang Aji nyelengkeung.
"Na saha atuh ieu téh anu saleresna, Kakang?" Indung Nyimas Wening kurang-kerung neuteup salakina.
"Ayeuna mah dalahar heula wé. Engké deui ngawangkong mah!" témbal Prabu Ungkara, ditungtungan ku ngamimitian ngahuapkeun hancenganana.
Geus kitu mah brak, saréréa dalahar kalayan siga nu ni'mat pisan. Sajeroning daharna téh ari Nyimas Wening mah loba malingrérét ka Jang Aji.
"Sambelan deui, Kakang!" Nyimas Wening ngasorkeun wadah sambel, mangsa nempo sambel dina alas Jang Aji geus leucir balas dicoélan.
Mangsa Nempo pamolah anakna anu samodél kitu téh, indungna Nyimas Wening mah nepi ka noélan suku Prabu Ungkara, kituna téh dibarengan ku ngarindat-rindatkeun panonna. Ari Prabu Ungkara mah ngan ukur mésem, saerta kucap-kiceup dibarengan ku unggeuk.
Saréngséna dahar, Prabu Ungkara jeung nu séjénna teu langsung carengkat, malah ngawangkong, ngaguar ngeunaan saha-sahana Jang Aji nu sabenerna. Nyimas Wening jeung indungna mah nepi ka patingpolohok mangsa ngadéngé katerangan ti Prabu Ungkara anu ngaguar perkara sajatina Jang Aji téh. Ari Jang Aji mah saperluna baé nyaritana téh, da ampir sakabéh pananyana indung Nyimas Wening geus diwakilan dijawab ku Prabu Ungkara. Bari jeung kituna téh, Jang Aji mah sok rada tungkul mangsa nyaritana téh, siga anu teu wasa pikeun paadu teuteup jeung Nyimas Wening anu pohara geulis tur rancunitna. Atuh Prabu Ungkara, saeutik ogé teu nyabit-nyabit perkara kajadian di rohangan karaton, siga nu embung ngaruksak kana kaayan dina mangsa harita.
"Eu..., upami ngawidian, abdi téh badé ngabantun tuangeun kanggo Ukun réréncangan abdi," ceuk Jang Aji, mangsa wangkongan keur eureun sakeudeung.
"Rék naon ka ditu deui? Geus wé cicingna di dieu. Tuh, kamar kosong mah aya!" Prabu Ungkara gancang ngahulag.
"Ah alim, Kangjeng Prabu. Hawatos, Ukun teu aya réncangna!"
Prabu Ungkara jeung permaésurina hantem mamaksa sangkan Jang Aji daékeun cicing jeung dirina. Tapi Jang Aji ogé teu robah pamadeganana, keukeuh baé hayang cicing di pangreureuhan Jang Ukun. Sanggeus lumayan lila paaduregeng heula, antukna mah Prabu Ungkara jeung permaésurina teu burung ngéléhan. Dahareun pikeun Jang Ukun, teu sirikna dibahan-bahankeun kabéh, nepi ka nitah dua urang badégana pikeun mantuan mawa.
"Ari hidep kunaon, Wening. Katempona ku Rama mah bet loba malingrérét ka Radén Aji téh. Bogoh?" tanya Prabu Ungkara semu ngagonjak.
"Ah, Kangjeng Rama mah!" Beungeut Nyimas Wening dumadakan bareureum.
"Ihihi.... Geus mimiti resep ka lalaki nya anak urang téh!" Indungna Nyimas Wening milu ngagonjak.
"Baé. Wajar perkara éta mah, da budak urang téh geus balég, moal lila deui ogé umurna lima belas taun!" témpas Prabu Ungkara dibarengan ku sura-seuri.
"Eu... kieu, Kangjeng Rama. Saleresna, abdi téh nuju nelek-nelek pameunteu Radén Aji. Margi, bet asa persis pisan sareng impénan abdi." Antukna mah Nyimas Wening muka carita.
"Ngimpi? Cik cik cik..., ngimpi kumaha tah?" Prabu Ungkara kurang-kerung neuteup anakna.
"Eu..., Sababaraha dinten anu parantos kalangkung, abdi téh ngimpén disumpingan ku Abah anu diréncangan ku saurang pameget. Jaga, ieu tah pijodoeun hidep téh! Kitu saur Abah dina impénan téh. Pameunteuna éta pameget téh persis pisan sareng Radén Aji. Nanging, dina impénan mah, éta pameget anu mirip sareng Radén Aji téh, ngango kangkalung anu gagantélna teu bénten sareng artos emas. Dina gagantél kangakalungna téh aya gambar rajaan. Saha éta, Bah? Abdi naros ka Abah, perkawis gambar anu aya dina gagantél kangkalung éta pameget. Ieu téh gambarna Prabu Siloka Wicakra. Kitu waler Abah téh. Ari éta pameget anu mirip sareng Radén Aji mah, sakedik ogé teu nyarios, mung sura-seuri wé ka abdi téh." Perténtang pisan Nyimas Wening mah mangsa nyaritana téh.
Ari Prabu Ungkara jeung permaésurina, sakedapan mah ngan ukur silihrérét sanggeusna ngadéngé caritaan anakna anu sarupa kitu téh
"Paingan ari kitu mah, katempona téh bet ngarérétan waé Radén Aji. Tapi sugan wé enya, Radén Aji téh pisalakieun hidep. Rasep ku tatakramana, sopan pisan budak téh!" ceuk Indung Nyimas Wening, siga anu miharep pisan.
__ADS_1
Prabu Ungkara mah teu milu ngéngklokan, malah semu hulang-huleng, siga anu masih kénéh mikiran impian anu dicaritakeun ku Nyimas Wening nu jadi anakna.
Hanca.