BANJIR GETIH DI DARMAPATIH

BANJIR GETIH DI DARMAPATIH
BANJIR GETIH DI DARMAPATIH, episode 41


__ADS_3

BANJIR GETIH DI DARMAPATIH


(41)


Sanepina ka palataran hareup karaton, Ki Patih Purwasesa jeung Radén Angkara mah pohara ngararénjagna, sabab tétéla loba pisan prajuritna anu daratang dina kaayaan mawa tatu anu kawilang parna. Aya anu gudawang dadana, anu buntung leungeunna, anu rampung ceulina jeung sajabana. Rét, Ki Patih Purwasesa ka dua awéwé anu ceurik paungku-ungku, kalayan keur diarupahan tur dibeberah ku sababaraha urang awéwé deui. Nu saurang, anu geus rada aya umuran, beuteungna rada gedé siga anu keur kakandungan. Ari anu saurang deui mah ngora kénéh pisan, ditaksir tina umurna mah moal leuwih ti tilu belas taunan. Kulawargana Radén Anjana sigana mah, da nilik tina dangdananana ogé pohara haradéna, malah mah tina keureutan beungeutna ogé aya nyirib-nyirib rupa raja anu kiwari geus tinggal ngaranna.


"Anjana...!" Awéwé anu tayohna mah indungna Radén Anjana, ngageunggeuik nyanyambat ngaran anakna.


Kojéngkang, Ki Patih Purwasesa ngadeukeutan dua awéwé anu keur ngagukguk bari paungku-ungku.


"Sing teger, Nyimas! Angguran mah urang téh kedah reueus. Margi, Kangjeng Prabu Anjana dugi ngaleupaskeun nyawa téh, sababiyahna mah demi ngajaga kahormatan karajaan," ceuk Ki Patih Purwasesa sanggeusna aya di hareupeun dua awéwé anu keur aringhak-inghakan, anu tayohna mah bener, indungna jeung kapiadi Radén Anjana.


Rét, indung Radén Anjana ka Ki Patih Purwasesa.


"Pangmaleskeun kanyeri alatan ku palastrana anak kuring, Ki Patih. Ancurkeun Karajaan Trisula Emas, kalayan sagancangna!" ceuk indung Radén Anjana, dina kaayaan masih kénéh murubutkeun cimata.


"Kantenan, Nyimas. Abdi ogé kalintang nyerina ku palastrana Kangjeng Prabu téh. Nanging, kanggo samentawis mah, saéna urang ngabebenah heula karajaan."


"Pokona mah kumaha waé carana, Karajaan Trisula Emas kudu diancurkeun sagancangna!" Sorot mata indungna Radén Anjana, éstuning silalatuan.


"Perkawis éta mah percantenkeun baé ka abdi, Nyimas. Kanggo danget ayeuna, saéna mah Nyimas sareng Nyi Putri seueurkeun leleson heula. Tenangkeun heula diri, supados teu janten panyawat!" témbal Ki Patih Purwasesa siga nu enya.


Sanggeus indung jeung adina Radén Anjana arasup deui ka rohangan karaton mah, Ki Patih Puwasesa jeung Radén Anjana sibuk ngabagi-bagi pancén, pikeun ngurus prajurit anu taratu.


"Prajurit anu baruntung leungeunna jeung anu tatuna parna pisan mah, geus wé titah marulang ka imahna!" paréntahna Ki Patih Purwasesa, ka saurang abdi dalem.


"Hawatos atuh, Ki Patih."


"Lah, karunya-karunya teuing. Nanahaonan, da dikukut ogé geus taya mangpaatna!"


"Sanés kitu, Ki Patih. Kapanan paraprajurit dugi ka kitu téh alatan ngabéla karajaan urang."


"Wani némbal, siah! Na manéh daék maraban jeung ngabiayaan pikeun ngurusna?" Ki Patih Purwasesa siga anu pohara ambekna.


Dikitukeun mah teu wanieun némbal deui. Sok sanajan ngarasa karunya, antukna mah kapaksa parapajurit anu baruntung leungeunna, jeung anu tingkatan tatuna pohara parnana, harita kénéh ditaritah mulang ka imahna séwang-séwangan. Nyeri, geus pasti nyeri ari pikeun paraprajurit anu dititah mulang mah, sabab jasana enggoning babakti ka karajaan, sama sakali teu diajénan pisan. Tapi da lain lawaneun ari Ki Patih Purwasesa mah, antukna mah bari jeung humaregung sarta teu sirikna sasampoyongan dina mongkléngna peuting ogé, ratusan prajurit anu taratu parna, kapaksa marulang ka imahna, mawa gudawangna tatu dina haté anu leuwih gedé batan tatu dina awakna.


*****


Isukna, kalayan teu kungsi dilila-lila deui, langsung baé Ki Patih Purwasesa ngumpulkeun sakabéh abdi dalem, dina raraga ngangkat dirina sorangan jadi Raja Darmapatih, anu pajar téh pikeun ngeusian kosongna korsi kapamingpinan di éta karajaan. Kituna téh disaksian ku indung jeung ku kulawargana Radén Anjana, anu beunang kaala haténa ku jalan diasongan jangji, yén rék mangmaleskeun kanyeri ka pihak Trisula Emas, ku palastrana Radén Anjana.


"Hidup, Kangjeng Prabu Purwasesa...!"

__ADS_1


"Hidup...!"


"Hidup Darmapatih...!"


"Hidup...!"


Kabéh anu keur ngariung di rohangan utama karaton, patingjorowok ngabagéakeun Ki Patih Purwasesa, mangsa geus sah diangkat jadi raja. Ki Patih Purwasesa, éh, sanés Ki Patih panginten ari ayeuna mah, nya, Pamiarsa! Prabu Purwasesa sura-seuri semu dangah, diuk dina korsi kalungguhan anyarna bari nyoo makuta anu rada sereg dina sirahna.


"Ku sabab raja ogé butuh ku patih, mangka dina mangsa ayeuna kénéh, kaula ngangkat Radén Angkara jadi patih di ieu karajaan!" Prabu Purwasesa kedal pangandika anu munggaran.


"Hidup Ki Patih Angkara...!"


"Hidup...!"


"Hidup, Prabu Purwasesa...!"


"Hidup...!"


Sok sanajan asalna mah loba anu rada rungah-ringeuh alatan siga anu kurang panuju ku diangkatna Radén Angkara jadi patih, tapi antukna mah saréréa teu burung patingjorowok pikeun ngabagéakeun patih anyar di éta karajaan.


"Dina kapimingpinan kaula, mangka Darmapatih kudu jadi karajaan anu dipikagimir tur dipikasérab ku karajaan-karajaan anu séjénna. Lamun geus pas waktuna, mangka Karajaan Trisula Emas kudu diancurkeun, pikeun males kanyeri ku palastrana Kangjeng Prabu Anjana anu ku urang saréréa dipikacinta!" Prabu Purwasesa ngandika deui, siga anu hayang kaalem ku indungna Radén Anjana.


"Hidup...!"


"Hidup Darmapatih...!"


"Hidup...!"


Sapangeusi éta rohangan patingjorowok sarta patingkeuleuweuh deui. Ari indungna Radén Anjana, jeung enyana, siga anu sugema pisan mangsa ngadéngé kekecapan anu kedal tina létah Prabu Purwasesa téh.


*****


Peutingna, siga sasari, Prabu Purwasesa jeung Radén Angkara rareureuh di rohangan pribadina, da rohangan anu paragi kulawarga raja mah masih kénéh dieusian ku indung jeung ku adina Radén Anjana.


"Hahaha.... Antukna Darmapatih, sagemblengna aya dina keupeulan urang!" ceuk Prabu Purwasesa, mangsa keur dariuk di rohangan tengah jeung Radén Angkara.


"Hahaha.... Hébat, Kangjeng Rama. Hébat!" Radén Angkara ngacungkeun dua jempolna.


"Léngkah urang pikeun anu saterusna mah, kari numpes sakabéh kulawargana Si Anjana, sangkan euweuh deui anceman pikeun ka hareupna!" Semu haharéwosan Prabu Purwasesa téh mangsa keur ngomong kitu mah.


"Maréntah Nyimas Pandani?" témpasna Radén Angkara, dibarengan ku sura-seuri.

__ADS_1


"Hahaha..., cerdas...! Tapi teu kudu rurusuhan, sangkan teu nimbulkeun kacuriga."


"Leres pisan, Kangjeng Rama. Dupi nyerang deui Trisula Emas téh badé iraha?"


"Hahaha.... Aya belegugna ogé geuningan manéh téh, Angkara!"


Dikitukeun téh ari Radén Angkara mah malah kurang-kerung siga nu bingung.


"Ieuh, Angkara...! Keur nanahaon kacapé-kacapé nguruskeun Karajaan Trisula Emas? Di sagigireun gedé résikona alatan ayeuna mah pasukan Trisula Emas geus pohara kuatna, anu ngaranna perang téh méakeun waragad anu pohara gedéna." Prabu Purwasesa pohara dariana.


"Pan parantos kedal ucapan di payuneun indungna Si Anjna, Kangjeng Rama."


"Hahaha..., bener-bener belegug manéh mah, Angkara. Éta mah ngan saukur ngalem wungkul. Perkara Trisula Emas mah pasrahkeun wé ka Batununggal!"


"Pasrahkeun ka Batununggal?" Pikeun anu ka kasakitu kalina Radén Angkara mah ngan kurang-kerung deui waé.


Pikeun sakedapan mah Prabu Purwasesa ngan ukur gogodeg neuteup anakna.


"Kieu, Angkara.... Kapanan pihak Trisula Emas téh geus ngarempak aturan, ngabogaan pasukan jin anu sakitu lobana. Sedengkeun éta aturan, ari sabenerna mah dijieunna ku pihak Batununggal, sangkan karajaan-karajaan leutik taya anu wani pikeun baruntak kana kasawenang-wenanganana. Karajaan urang wungkul anu dimeunangkeun sotéh, pédah geus ditebus ku satengah wewengkon karajaan anu baheula téa. Kapanan...."


"Oh..., janten maksad Kanjeng Rama téh, kantun ngalaporkeun perkawis Terisula Emas ka pihak Batununggal?" Radén Angkara anu tayohna mah karék ngarti kana maksud bapana, gancang baé motong omongan.


"Tah, kitu. Rada pinter deui geuning ayeuna mah!" témbal Prabu Purwasesa, dibarengan ku surangah-séréngéh.


"Hahaha.... Atuh da tadi mah teu acan ngartos, Kangjeng Rama!" Radén Angkara kulamas-kélémés siga nu éra.


"Hahaha.... Pokona mah lamun kulawarga Si Anjana geus ditumpes kabéh. Mangka sagancangna ku Rama, hidep rék diangkat jadi raja. Geus lila pisan Rama mah hayang nyaksian hidep jadi raja téh."


"Hatur nuhun pisan, Kangjeng Rama."


"Enya, Ki Patih!" témbal Prabu Purwasesa ditungtungan ku sura-seuri.


"Hahahaha...!"


"Hahaha...!"


Asa kagugu sigana mah mangsa Parabu Purwasesa nyebut Ki Patih ka Radén Angkara téh, nepi ka antukna mah duanana saleuseurian siga nu ngeunah pisan.


Dina mangsa Radén Angkara jeung nu jadi bapana aruplek neruskeun deui wangkonganana, di luareun éta rohangan, kalayan siga nu ati-ati pisan, hiji jirim keketeyepan ninggalkeun éta patempatan.


Hanca.

__ADS_1


__ADS_2