
BANJIR GETIH DI DARMAPATIH
(20)
Wangkongan antara Jang Aji jeung Ki Cakra pohara pisan dariana, eureun heula sotéh pédah wé aya surang prajurit anu ngurunyung ka dinya.
"Aya naon?" Ki Cakra neuteup aki-aki nu anyar datang.
"Itu kénging mencek, bilih badé misahkeun dagingna," témbalna éta aki-aki, rengkuh kacida.
"Lah, aya kénéh itu gé. Kop wé teu kudu misahkeun!"
Geus dikitukeun mah gancang baé éta aki-aki amitan, anu saterusna mah ngaléos ninggalkeun Jang Aji jeung nu jadi guruna.
"Janten, badé énjing waé miang téh?" Ki Cakra neruskeun deui wangkonganana anu katunda.
"Muhun, badé saénggalna wé, Ki."
"Saé upami kitu mah. Amitan ka ibu rama mah engké wé wengi. Ayeuna mah urang ka talaga heula."
"Badé naon deui ka talaga, Ki?"
"Engké ogé uninga nyalira. Antosan sakedap, badé wawartos heula!"
Sok sanajan bari jeung rada kurang-kerung, antukna mah Jang Aji unggeuk. Jung, Ki Cakra cengkat tina diukna. Koloyor, ka rohangan dapur, rék bébéja heula ka Nyi Yati tayohna mah. Teu kungsi lila, Ki Cakra geus ngurunyung deui, sarta anu saterusna mah umajak ka Jang Aji ku basa isaratna. Sanggeus cengkat tina diukna mah Jang Aji ogé nuturkeun léngkah nu jadi guruna.
"Rék ka mana, Ki Patih, Dén?" tanya Si Tangkar, mangsa pasanggrok di buruan.
"Aya perlu heula sakeudeung. Mawa naon éta?" Ki Cakra neuteup karung goni anu keur dipapanggul ku Si Tangkar.
"Dititah mawa paré."
"Oh, geus diala? Nya jung atuh, tunda ka leuit!"
Si Tangkar ukur unggeuk, anu saterusna mah gagancangan neruskeun deui léngkahna. Bareng jeung ngaléosna Si Tangkar, Ki Cakra ogé ngagedig dituturkeun ku Jang Aji.
Sakaluarna tina gapura, minangka jalan hiji-hijina paragi kaluar-asup ka éta patempatan, Ki Cakra ngarandeg heula sarta ngarérét ka Jang Aji, anu ti tadi ngiclik di tukangeunana. Jang Aji mah ngan ukur unggeuk siga anu geus surti.
Jorélat..., jeng jleng jleng...!
Geus kitu mah kalayan dina kacepetan gerak anu pohara gesitna, Ki Cakra jojorélatan muru ka talaga, dituturkeun ku Jang Aji nu jadi muridna.
Sangeus gujlang-gajleng sarta jojorélatan aya kana sawatara lilana, antukna mah Ki Cakra jeung Jang Aji narepi ka tempat nu dijugjugna. Sakedapan mah Ki Cakra ngan ukur ngajanteng di sisi talaga, sarta rurat-rérét ka sabudeureun éta patempatan, siga anu keur niténan kaayaan. Jang Aji mah ngan ukur kurang-kerung nempo pamolah nu jadi guruna samodél kitu téh. Reup, Ki Cakra meureumkeun matana. Katémbong biwirna rada kunyam-kunyem, siga anu keur mapatkeun jampé pamakéna.
"Hayu, Dén!" ceuk Ki Cakra sanggeusna beunta deui, kituna téh bari miheulaan ngaléngkahkeun sukuna, ancrub kana éta talaga.
Dina kaayaan anu masih kénéh rada kurang-kerung, antukna mah Jang Aji ogé teu burung nuturkeun léngkah nu jadi guruna, ancrub kana talaga. Anéh, sok sanajan aya rupa tur karasa tiisna, tapi cai talaga anu diancruban téh harita mah teu matak baraseuh kana awak jeung kana pakéan. Teu karasa eungap deuih sanggeusna laput sirah ogé.
Mingkin lila, Jang Aji jeung Ki Cakra mingkin asup ka jero talaga, nepi antukna mah duanana nepi kana dasarna. Bati molohok Jang Aji mah mangsa nempo aya wangunan anu kawilang gedé sarta tohaga anu ngadeg dihareupeunana téh. Ditilik tina rupana mah éta wangunan téh dijeun tina batu anu ditata tur diréka-réka. Pantona ogé sarua, kabéh dijieun tina batu, ngan pédah ari pantona mah dipapaés ku ukiran wanda naga, anu matana semu ngempur kelir beureum.
Sanggeus méré isarat sangkan Jang Aji nuturkeun dirina, kebat baé Ki Cakra ngojéngkang ngadeukeutan panto éta wangunan. Ari Jang Aji anu nuturkeun guruna, sakedapan mah rada ngarandeg, mangsa aya aleutan lauk sagedé-gedé bitis anu patingkucipek di hareupeunana.
__ADS_1
Sidik pisan ari geus mingkin deukeut mah, panon ukiran naga dina éta panto téh tétéla dijieunna tina inten kelir beureum.
"Sok, buka pantona, Dén. Mung Radén wungkul anu tiasa mukakeun ieu panto mah!" ceuk Ki Cakra, kituna téh bari ngasongkeun péso leutik ka Jang Aji.
Ari Jang Aji mah ngan ukur kurang-kerung deui waé mangsa diasongan péso téh.
"Keclakkeun getih Radén kana mata ukiran éta naga! Margi, mung ku getih turunan Kangjeng Prabu wungkul éta panto tiasa muka."
"Oh." Antukna mah Jang unggut-unggutan tandaning ngarti.
Kalayan teu kungsi nampanan péso leutik anu diasongkeun ku Ki Cakra, Jang Aji mah langsung baé ngégél kulit tungtung curukna. Berebey, kaluar getih. Tel, Jang Aji ngantelkeun curukna, persis pisan kana mata ukiran naga.
Burinyay...!
Jang Aji nepi ka undur-unduran alatan ngarasa reuwas, mangsa ukiran naga anu diantelan getih palebah panonna téh, dumadakan ngaburinyay ngaluarkeun cahya beureum.
Sorolok....
Sailangna deui cahya beureum nu ngaburinyay téh, éta panto batu nyorolok ka luhur. Bréh, kaayaan di jero éta wangunan anu caang sarta lalega. Jang Aji mah nepi ka molohok méh teu ngiceup-ngiceup.
"Saleresna, ieu wangunan téh kagungan saha, Ki?" Batan gancang asup, Jang Aji mah malah ngalungkeun heula pananya.
"Kagungan Kanjeng Prabu, Dén. Ieu wangunan, ngahaja didamel kanggo ngamankeun barang-barang sareng kakayaan Darmpatih, dina mangsa badé diserang ku bapana Si Raksapada."
"Hmm, janten..., sateuacanna diserang anu ngaduakalian ogé, Kangjeng Prabu téh parantos uninga badé katétér?"
"Kitu pisan, Dén."
"Ehehehe..., Kangjeng Prabu sakulawargi mah mibanda jiwa satria, Dén, langkung milih tumpur batan ngantunkeun karaton anu digempur."
"Hm...." Jang Aji unggut-unggutan. Atra pisan aya kareueus dina sorot matana.
"Hayu ka lebet, Dén!" ajakna Ki Cakra.
Jang Aji ukur unggeuk, anu saterusna mah gancang nuturkeun Ki Cakra, anu geus miheulaan asup ka éta wangunan.
Sorolok....
Panto batu anu pohara kandelna, nutup deui ku sorangan ari Ki Cakra jeung Jang Aji geus arasup mah. Mingkin molohok deui waé ari Jang Aji mah mangsa nempo barang-barang anu aya di rohangan éta wangunan téh. Sababaraha makuta emas anu dipapaés ku patinggurilapna inten nu warna-warni, ngajéngjréng dina erak anu sarua dijieun tina batu. Sababaraha jubah anu ditilepan jeung pakarang pusaka anu rupa-rupa wandana, ngajajar dina erak-erak anu séjénna. Anéh, teu baraseuh.
"Tah, ieu mah makuta anu Aki, Dén. Upami nu itu sareng nu itu mah kagungan Kanjeng Prabu sareng kulawargina!" Ki Cakra nuduhkeun sababaraha makuta.
"Wah, makuta Kangjeng Prabu mah pohara saéna, nya, Ki?"
"Ehehee..., nya kantenan wé da Kangjeng Prabu mah pangkatna ogé raja. Engké, saupami Radén dikersakeun jumeneng janten raja Darmapatih, mangka éta makuta téh kedah dianggo ku Radén."
Jang Aji unggut-unggutan bari anger anteng niténan barang-barang titinggal Prabu Siloka Wicakra jeung kulawargana.
"Hayu, urang ka rohangan nu itu, Dén!" ceuk Ki Cakra deui, bari nunjuk ka hiji rohangan nu aya pantoan.
Jang Aji ukur unggeuk sarta nuturkeun léngkah guruna. Teu kungsi nitah mangmukakeun panto ka Jang Aji ayeuna mah, sanepina ka hareupeun panto éta rohangan téh, kebat baé Ki Cakra muterkeun sirah patung anu ngajentul di gigireunana.
__ADS_1
Sorolok....
Panto nyorolok ka luhur.
Gebeg!
Jang Aji mah pohara ngagebegna mangsa nempo patinggurilapna emas jeung inten anu méh minuhan éta rohangan téh. Malah mah emas anu wujudna duit ogé pohara numpukna.
"Masya Alloh...! Aki?" Jang Aji molohok teu ngiceup-ngiceup.
"Ehehehe.... Beunghar Darmapatih téh, Dén, matak seueur didincer ku karajaan anu sanés ogé! Ieu kakayaan disimpen di dieu téh sanés didadasaran ku kasarakahan, nanging ngahaja diamankeun, kanggo pikapayuneun Darmapatih. Jaga, saupami Radén parantos jumeneng janten raja, gunakeun ieu kakayaan titipan Kangjeng Prabu, kanggo ngawangun deui Darmapatih, supados janten karajaan nu sugih mukti!"
"Kalintang panjangna kawijakan Kangjeng Prabu téh, Ki!"
"Nya kantenan atuh, Dén. Matak, Radén kedah sumanget enggoning ngarebut deui Darmapatih téh. Sing hawatos ka rahayat, seueur anu katindes ku kasawenang-wenangan gegedén anu kumawasa dina danget ayeuna mah. Keun wé da hak Radén éta mah! Ari Radén mah kantun ngajalankeun saupami parantos janten raja téa mah, da perkawis modal kanggo ngawangun mah parantos aya."
Siga saméméhna, Jang Aji mah ngan ukur unggut-unggutan.
"Sok, nyandak sacekapna, Dén!" ceuk Ki Cakra deui.
"Ah, kanggo naon, Ki?"
"Éh..., pan kanggo bekel ngalalana enggoning ngalakonan wangsit ti Kangjeng Prabu!"
Sakedapan mah Jang Aji ukur ngahuleng, anu saterusna mah unggut-unggutan bari rada kulamas-kélémés siga nu éra. Bus, bus, Jang Aji mésakan inten jeung duit emas sarawu.
"Sing seueur atuh, Dén!"
"Ah, cekap sakieu ogé, Ki!"
Ki Cakra unggut-unggutan, kituna téh bari kudak-kodok kana jeroeun bajuna.
"Ari Aki moal nyandak?"
"Aya bagéanana ari Aki mah. Yeuh, Dén!" Ki Cakra ngasongkeun kangkalung, anu gagantélna buleud siga duit emas, ngan pédah wé gambarna béda, gambar raja nu maké jubah, lengkep jeung makutana.
"Naon ieu, Ki?" Jang Aji kurang-kerung sajeroning nampanan éta kangkalung téh.
"Anggo wé, Dén. Saha nu terang, dina hiji mangsa aya mangpaatna!"
Teu némbal deui, geus kitu mah éta kangkalung dipaké ku Jang Aji.
"Cekap, nya, Dén? Ayeuna mah urang mulih!"
"Teu langkung Aki ari abdi mah."
Sanggeus panto rohangan tempat neundeun tumpukan emas jeung inten ditutupkeun deui mah, Ki Cakra gura-giru muru deui panto batu anu ka luar. Teu siga saméméhna ayeuna mah, tétéla éta panto téh ari ti jero mah bisa dibuka, ku jalan muterkeun sirah patung, teu béda jeung basa mukakeun panto rohangan anu dipaké tempat neundeun tumpukan emas eujeung inten.
Ari Jang Aji, mangsa Ki Cakra mukakeun panto téh, paneuteupna ngaréret kana tulang sagedé jempol, anu nyelap di antara tilepan jubah. Sakilat dicokot. Kalayan teu kungsi ditempoan heula, langsung baé dibebeskeun kana pésakna.
Sanggeusna aya deui di luareun éta wangunan, ari panto batu geus nutup deui mah, kebat baé Jang Aji jeung Ki Cakra naringgalkeun dasar talaga.
__ADS_1
Hanca.