BANJIR GETIH DI DARMAPATIH

BANJIR GETIH DI DARMAPATIH
BANJIR GETIH DI DARMAPATIH, 56


__ADS_3

BANJIR GETIH DI DARMAPATIH


(56)


Jangjang peuting geus ditilepan, bagéan beurang datang ngaplusan. Langit kulawu dipapaés patinggumulungna méga hideung anu sumebar di awang-awang. Béda pisan ti poé-poé nu saméméhna, dina wanci anu sakuduna geus ngempray caang, dina mangsa harita mah panon poé ogé ngadon nyumput tukangeun méga, siga anu embung nyaksian kana naon-naon anu baris karandapan ku rébuan prajurit Darmapatih, anu dina mangsa harita geus ngajéngjréng di alun-alun karaton, kalayan samakta ku pakarangna séwang-séwangan.


Prabu Purwasesa katémbong gagah, anjeucleu dina kudana. Paneuteupna rut-rét kana bandéra karajaan anu patingkélébét katebak angin. Rét deui ka ratusan prajurit anu tarumpak kuda, anu nempatan jajaran panghareupna. Tumbak-tumbak prajurit anu paranjang, seuseukeutna patingaracos ka awang-awang. Di tukangeunana, pasukan prajurit anu marawa jamparing, geus sayaga enggoning ngalaksanakeun pancénna. Pasukan pedang mah ranggém, ngeukeuweuk taméng dina leungeun kéncana. Rébuan prajurit jin geus pagelek-gelek dina rupa-rupa wujudna. Kabéh ngabaris jeung pasukanana séwang-séwangan.


Di sisi-sisi éta palataran, katémbong Radén Angkara jeung sababaraha abdi dalem karajaan, keur kukurilingan tarumpak kuda, enggoning ngaroris itu-ieuna.


"Geus siap sagalarupana?" tanya Prabu Purwasesa, mangsa Radén Angkara geus aya di hareupeunana.


"Parantos, Kangjeng Prabu."


"Ari pasukan jin geus disiapkeun kabéh?" tanya Prabu Purwasesa deui, ka salah saurang abdi dalemna.


"Parantos, Kangjeng Prabu."


"Alus. Hayu urang papag, sarta urang ayonan pasukan Batununggal, nepi ka keclak getih nu panungtungan!" Prabu Purwasesa siga anu pohara sumangetna.


"Hidup Darmapatih...!"


"Hidup...!"


"Hidup Darmapatih...!"


"Hidup...!"


Kaayaan di éta patempatan dumadakan sahéng ku rébuan prajurit anu patingjorowok sarta patingkeuleuweuh.


Rét, Prabu Purwasesa ka nu keur anjeucleu sarta ngeukeuweuk tarompét gedé dina tonggong kuda. Anu diréretna gancang unggeuk.


Tét..., térét tét tét tét tét...!


Tarompét perang disadakeun, disusul ku mingkin sahéngna rébuan prajurit anu patingjorowok bari ngacung-ngacung pakarangna. Bring, geus kitu mah Prabu Purwasesa, Radén Angkara jeung puluhan abdi dalemna ngamimitian ninggalkeun éta patempatan, dituturkeun ku rébuan prajuritna.


Sajajalan, rébuan prajurit patingkeuleuwueuh, siga anu hayang nyingkahkeun kasieun mangsa rék adu hareupan jeung pihak Batununggal anu geus kawentar ku kakuatan pasukanana. Sakur warga anu kabeneran pasanggrok, ngan ukur patingkecewis jeung pada baturna.


Mingkin lila, abringan pasukan Darmapatih mingkin jauh ninggalkeun karaton, nepi ka antukna mah saréréa areureun sanggeusna nepi ka hiji palataran anu upluk-aplak pohara legana, sarta di sisi-sisina dikurilingan ku rajegna tatatangkalan.


"Bagi-bagi pasukan jamparing!" Radén Angkara méré paréntah.


Salah saurang ponggawa anu mingpin pasukan jamparing, harita kénéh ngabagi-ngabagi pasukanana. Dibagi tilu pasukan jamparing téh, pasukan anu hiji bur-ber néangan panyumputan, sarta ningker éta palataran ti belah kénca. Anu hiji deui ningker ti belah katuhu, ari sésana mah teu kungsi incah tina tempatna.


"Gancang tempat-tempatkeun pasukan jin!" Radén Angkara ngarérét ka saurang abdi dalemna.


Nu dirérétna gancang unggeuk, sarta anu saterusna mah gura-giru baé nohonan paréntah ti Radén Angkra. Ari Prabu Purwasesa mah ngan ukur unggut-unggutan mangsa nempo anakna anu kalayan pohara sigepna enggoning ngatur-ngatur pancén dina ngajalankeun siasat perangna téh.


Dina mangsa pihak Darmapatih keur cuh-cih enggoning ngatur-ngatur pasukanana, pihak Batununggal ogé harita téh geus jauh ninggalkeun karatonna, malah mah geus mimiti asup ka wewengkon Karajaan Darmapatih. Tétéla pasukan Batunggal mah jumlahna leuwih loba, nepi ka ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut, ngembat-ngembat nyatang pinang. Tapi, geus diwanti-wanti ti anggalna tayohna mah, tina abringan prajurit anu sakitu lobana téh, saurang ogé taya nu ngomong, sumawona nepi ka patingkeuleuweuh mah.


Reg, saréréa areureun, mangsa nempo Prabu Dangdang méré isarat ku jalan ngacungkeun pedangna.

__ADS_1


"Ki Rajam..., paréntahkeun dua jin, pikeun mariksa wewengkon musuh!" Prabu Dangdang méré paréntah.


Teu talangké, harita kénéh Ki Rajam ngutus dua jin anu keur ngajirim dina wujud prajurit anu pohara gagahna.


Burinyay..., jleg!


Dua prajurit jin robah wujud jadi manuk kapinis, sarta anu saterusna mah patinggeleber ninggalkeun éta patempatan, sarta mingkin lila hiberna mingkin ngajauhan.


"Kira-kirana, ari pasukan gajah jeung nu séjénna geus narepi?" Prabu Dangdang ngarérét ka patihna.


"Rupina mah teu acan, Kangjeng Prabu. Pan jalanna ogé nguriling. Upami parantos dugi mah engké ogé bakal aya anu laporan."


"Hmm, mun kitu mah mending dagoan heula, sangkan sagalarupana saluyu jeung siasat anu geus diancer-ancer ti anggalna."


Ki Patih unggut-unggutan tandaning ngabenerkeun kana kekecapan nu jadi rajana.


Sanggeus lumayan lila antarana, dua prajurit jin anu dititah ngaroris kaayaan musuh, geus katémbong patingkurunyung deui.


Suruwuk...,kalayang..., burinyay..., jleg!


Dua kapinis langsung robah deui kana wujud prajurit, sanggeusna aya di hareupeun Ki Rajam jeung Prabu Dangdang.


"Kumaha?" Prabu Dangdang siga anu geus teu sabar.


"Musuh geus mapag di palataran, anu teu pati jauh ti ieu patempatan."


"Hahahaha.... Kahakan siasat ogé jalma-jalma belegug téh! Samarukna aing teu nyaho, sia ngirim utusan pikeun nalungtik ka karajaan aing, Purwasesa?" Prabu Dangdang lelenggakan siga nu ngeunah pisan.


"Hahaha..., hahaha...!" Ki Patih ogé jadi kabawakeun seuseurian.


Keur kitu, katémbong aya japati hideung anu nyuruwuk ngadeukeutan.


"Pasukan geus siap...!" jorowokna éta japati, anu tayohna mah prajurit jin anu keur malih rupa, bari kituna téh teu kungsi eunteup-eunteup acan.


Rét, Prabu Dangdang ka Ki Rajam. Anu dirérérétna mah ngan ukur unggeuk.


"Serang...!" Ki Rajam ngajorowok pohara tarikna.


Suruwuk..., belesat..., belesat..., belesat...!


Ngan ukur dina sakali maréntah, rébuan prajurit jin patingbelesat dina rupa-rupa wujudna, nuturkeun manuk japati anu geus nyuruwuk leuwih tiheula.


"Serang...!" Geus kitu mah Ki Patih ogé ngajorowok maréntah rébuan prajuritna.


Gurudug..., burudul..., derengdeng..., gajleng...!


Antukna mah ratusan prajurit anu tarumpak kuda, sarta rébuan prajurit anu geus samakta ku pakarangna séwang-séwangan, ngaburudul sarta patingderengdeng, siga anu hayang paheula-heula nepi ka médan perang. Sakur jalan anu kaliwatan, nepi ka mulek ku kekebul taneuh. Bari patingjorowok sagala ari ayeuna mah. Prabu Dangdang, Ki Patih, Ki Rajam jeung puluhan abdi dalem anu tarumpak kuda, gancang baé nuturkeun rébuan prajuritna. Ti jauhna kénéh, geus kadéngé sora anu patingjelegér sarta patingbeledag, cicirén geus lumangsung perang antara pasukan prajurit jin ti dua karajaan.


Mingkin lila, rébuan prajurit Batununggal mingkin deukeut ka tempat nu dijugjugna, nepi ka antukna mah saréréa anjog ka tungtung palataran anu keur dijadikeun médan perang. Di tengah-tengah éta palataran, kasampak rébuan jin geus silihtarajang kalayan pohara campuhna. Sora anu patingjelegér sarta patingbeledag geus teu puguh déngékeuneunana.


Ari rébuan prajurit Batununggal, geus asak pangwarah tayohna mah, sanggeusna pahareup-hareup jeung pasukan musuh téh teu kungsi ngadagoan paréntah deui, gancang baé nyokot barisanana séwang-séwangan. Pasukan panah naragog panghareupna. Di tukangeunana, ngajéngjréng pasukan kuda jeung nu séjénna.

__ADS_1


"Tahan heula!" ceuk Ki Patih Batununggal anu salaku panglima perang, mangsa nempo pasukan musuh geus mimiti ngadeukeutan.


Saréréa kalayan sabar ngadagoan paréntah ti panglima perangna. Tapi kituna téh, ari tina sorot matana mah siga anu geus teu kuat hayang geura ngarecah musuh-musuhna.


"Serang...!"


Kadéngé sora anu ngajorowok méré préntah ti pihak Darmapatih, anu tétéla geuning Radén Angkara.


"Kalem, tong kapancing ku musuh!" Ki Patih Batunggal ngacungkeun leungeun kéncana.


Rébuan prajurit Batunggal kabéh nurut ka panglima perangna.


"Huakh...!"


"Hwaduh...!"


Korosak..., kalayang..., gebut..., gebut..., gebut...!


Teu lia antarana, dumadakan loba prajurit ti pihak Darmapatih anu patinggaroak, disusul ku awakna anu patingkorosak murag tina tatangkalan anu rajeg di sapanjang sisi médan perang, sarta anu saterusana mah patinggarebut ninggang lemah.


Nempo kitu, Prabu Purwasesa, Radén Angkara jeung rébuan prajurit ti pihak Darmapatih mah nepi ka pohara ngararénjagna, sabab teu nyangka sacongo buuk, yén pihak musuh geus leuwih tiheula ngawasa éta patempatan.


"Hahaha.... Samaruk pihak aing teu ngawaskeun gurak-gerik pasukan sia? Hahahaha...!" Ki Patih Batununggal lelenggakan siga nu ngeunah pisan.


"Hahahaa.... Hadé, Ki Patih!" Prabu Dangadang ogé nempo kitu mah nepi ka babarakatakan, teu jauh béda jeung rébuan prajuritna.


Mingkin lila, mingkin loba prajurit ti pihak Darmapatih anu patinggarebut tina tatangkalan. Nempo kitu, Radén Angkara mah nepi ka kekerot, gancang baé maréntahkeun sésa pasukan jamparingna, pikeun nyerang pasukan lawan.


"Serang...!"



Belesat..., belesat...!


Ratusan jamparing patingabelesat ka awang-awang, nembus mulekna kekebul tur patingbeledagna sora di tengah-tengah palataran, anu dibalukarkeun ku campuhna perang antara rébuan jin ti dua pihak karajaan.


Swuk..., swuk..., swuk...!


Ratusan jamparing ngahujanan pasukan Batununggal. Tapi, hiji ogé taya anu keuna kana sasaran, da kabéh katadah ku pasukan pedang anu patinggarajleng sarta langsung nutup pasukan anu panghareupna ku éntépan taméngna.


Swuk..., swuk..., swuk..., belesat..., creb creb creb...!


"Huakh...!"


"Akh...!"


"Eugh...!"


Nepi ka patingrarénjag deui waé pasukan Darmapatih mah, sabab pasukan panghareupna loba anu patinggaroak alatan dihujanan ku serangan jamparing anu ningker ti gigireunana. Acan mah béak kareuwas, Prabu Purwasesa jeung pasukanana nepi ka pohara ngadégdégna, mangsa nempo patinggurudugna pasukan gajah anu ujug-ujug geus aya di tukangeunana.


"Hahahaha.... Atah kénéh sia mah, Purwasesa!" Prabu Dangdang siga nu mingkin ngeunah lelenggakan.

__ADS_1


Ki Patih jeung Ki Rajam, katut puluhan abdi dalem Batununggal ogé jadi pipileun patinggarakgak siga nu ngeunah pisan.


Hanca.


__ADS_2