
"Mangga salajeng na Ibu sareng bapa calik na diluhur, neng dihandap mayun ka tuang ibu sareng ka tuang rama geulis." ( Silahkan, selanjutnya ibu dan bapa duduk di atas, nenh dibawah menghadap ke ibu dan Bapa, cantik) Nayuwan kemudian melepaskan pelukannya dengan sang ayah kemudian duduk bersimpuh dibawah mengikuti arahan ibu Ririn.
"Anaking, neng Nayuwan. Dinten ieu hidep atos tutup carita, mung sanes ngandung harti neng atos dugi kana tujuan anu utama. Ti mimiti poe ieu, danget ieu, neng atos teu kedah deui milarian dukun lepus paraji sakti. Jeung ulah rek munjung ka gunung, muja ka sagara. Nanging pami munjung mah sok ka indung, lantaran indung mah tunggul rahayu. Mun rek muja mah, muja ka bapa, lantaran bapa tangkal darajat. Mangkade geulis ulah rek ulung-ulung kumalungkung kanu jadi indung, ulah rek alang-alang cumampaka kanu jadi bapa. Lantara ridho Allah aya dina ridho indung jeung bapa. Indung, indung, indung, kakara bapa. Dinten ieu neng atos ngalinggihan, ngadampalan, nyalikan sinjang 7 lamban, padahal eta teh sinjang rajana, sinjang ka memet hate. Tapi, keur anak mah taya barang kinasihan, naon rupa anu dipimilik ku ibu sareng bapa pek teh teuing kanggo neng. Mangga ayeuna urang caketan tuang ibu teh bageur. Urang guar lalakon anu jadi indung, caketan ibu na geulis. Papayun payun sareng ibu, urang guarkeun lalakon anu jadi indung sakumaha gedena kanyaahna. Sareng atos sakumaha baktos neng ka ibu, cepengan panangana tetep sing anteng ku neng, tinggal sorot soca anu jadi indung neng."( Anakku neng Nayuwan. Hari ini engkau sudah tutup cerita. Namun bukan mengandung arti neng sudah sampai pada tujuan yang utama. Dari mulai hari ini, detik ini, neng sudah tidak perlu mencari paranormal, penolong sakti. Dan jangan "munjung ka gunung, muja ka sagara". Tapi jika mengunjung itu silahkan ke ibu, oleh karena ibu adalah sumber kemakmuran. Jika ingin memuja, puja kepada bapak, sebab bapak sumber pangkat derajat. Hati-hati cantik, jangan berlaku sombong kepada ibu, jangan merendahkan kepada ayahmu. Sebab ridho Allah ada di dalam ridhonya ibu dan ayahmu. Ibu, ibu, ibu baru kemudian ayah. Hari ini neng sudah mendiami, menapaki, menduduki 7 lembar kain sinjang/jarik batik. Padahal sinjang/jarik batik ini adalah rajanya, sinjang yang paling di sayang-sayang. Tapi untuk anak tidak ada barang tersayang, apapun yang dimiliki oleh ibu dan ayah, silahkan saja untuk neng. Silahkah sekarang dekati ibunya cantik, kita buka semua hal tentang ibu, dekati ibunya cantik. Berhadapan dengan ibu, kita buka fakta tentang seberapa besar kasih sayang seorang ibu, pegang tangannya, tatap matanya, lihat sorot matanya lekat-lekat.)" jari jemari ibu Vina mengucap lembut air mata yang terus membasahi pipi putri sulungnya itu.
__ADS_1
"Neng, ieu ibu anu paling sering kabaeudan, kasentakan, kanyerihatean, kahesean, ieu ibu hidep geulis. Tapi hebatna anu ibu teu weleh pangheulana ngahampura, bari teu kudu dipenta. Neng, ieu tuang ibu anu tos ripuh ngakandung hidep,teu sugan aral subaha, teu weleh bungah we nu aya. Ieu ibu anu geus ridho nandonkeun nyawana nalika ngababarkeun neng, teu mikirkeun hirup sajeroeun maot. Mun seg harita aya nyawa anu kudu dipilih jeung disalametkeun, tosn tangtu tuang ibu milih "salametkeun pun anak gusti" saking nyaah na anu jadi indung. Peting kumalayang ti saprak gubrak na neng ka dunya. Nyus*an, ngagantos ametna, ngaeyong-eyong nepi ka neng tibra deui. Malah nepi ka ayeuna, upami neng nuju teu damang anu jadi indung mah nepi kasarean bari diuk sagigireun maturan hidep. Ayeuna urang wangsulkeun deui pami tuang ibu nuju teu damang, tos sabaraha wengi neng kuat benta piken maturan anu jadi indung dugi ka damang na. Da lah buktosna mah urang mah ukur naros hungkul ka anjeuna, ibu teu damang naon, atos tuang teu acan, atos diparios ku dokter can, tos dilandong nganggo naon, bari jeung sok seueur hilap tamelar na, gening kanyaah urang mah saukur sakitu buktosna. Ayeuna neng atos dewasa, rajeun sok bawel nyarekan, lain sabab indung geuleuh komo ngewa kanu jadi anak. Sieun neng anu jadi indung mah, sieun neng teh salah lengkah, sieun bau hirup, anu bakalna kolot anu katempuhan. Sakumaha merenah neng jeung babaturan, sakumaha merenah na neng jeung calon picarogeun, naha aya anu langkung nyaahna lewih tinu jadi kolot? Kantun ayeuna wangsulkeun deui sakitu ageungna kanyaah anu jadi indung, sok ayeuna sing ikhlas menta hampura ka indung jeung bapa, haturkeun nuhun, jeung pundut duana."( Neng,, ini ibu yang sering dijutekin, dibentak, tersakitihatinya, kesusahan, ini ibumu, cantik. Tapi hebatnya seorang ibu selalu paling pertaman memaafkanmu tanpa perlu diminta. Neng ini sosok ibumu yang sudah payah mengandungmu, tidak menjadi sesal, yang ada beliau selalu bahagia. Ini ibu yang sudah bersedia bertaruh nyawa untuk melahirkan dirimu nak, tidak memikirkan hidup dan mati. Semisal waktu itu beliau diberi pilihan harus menyelamatkan yang mana, sudah pasti ibu miih "selamatkan anak hamba, ya Allah" saking sayangnya seorang ibu. Tiap malam berjaga semenjak neng dilahirkan ke dunia. Menyus*i, mengganti popok, menimang-nimang hingga engkau tertidur pulas kembali. Malah sampai sekarang, di mana neng sakit beliau sampai tertidur terduduk disampingmu menemanimu. Sekarang jika kita balikan keadaan, jika ibu yang sakit. Kuat berapa malam neng kuat berjaga untuk menemani ibu hingga sembuh. Buktinya kita hanya sekedar bertanya kepada beliau, ibu sudah makan belum, sudah diperiksa ke dokter belum, sudah minum obat apa, itupun kita sering khilap membiarkan, hanya seperti itu ternyata bukti kasih sayang kita kepadanya. Sekarang neng sudahh dewasa, menjadi sangat bawel. Bukan sebab beliau jijik apalagi benci yang jadi anak. Beliau hanya takut neng, takut neng salah langkah, takut rusak harga diri, yang nantinya orang tualah yang menerima akibatnya. Senyamannya neng dengan sahabat, senyamannya neng dengan calon suami, apa ada yang besar kasih sayangnya melebihi orang tua? Sekarang mari kita berusaha kembalikan kasih sayang yang sebegitu besarnya dari seorang ibu. Silahkan sekarang dengan sangat ikhlas minta maaf kepada orang tua, berterima kasihlah, dan pinta doanya.)
"Ayeuna hidep calik di luhur sinjang anu jumlah na 7. Ieu ngemutan ka hidep, dua na indung jeung bapa mah nembus ka langit ka tujuh teu aya hahalang na. Sok dina waktos anu mustajabah ieu anu pasti diaammiinkeun ku jalmi-jalmi anu iman, insyaallah diijabah Allah Subhanahu wa ta'ala. cepeng microphona sayang."(Sekarang engkau duduk diatas sinjang yang berjumlah 7 lembar. Ini mengingatkan engkau, doanya ibu dan ayah tembus ke langit ke tujuh tidak ada ada yang menghalanginya. Silahkan di waktu yang mustajab ini, yang pasti diaamiinkan oleh orang-orang yang beriman. Insya Allah diijabah Allah Subhanahu wa ta'ala. Silahkan pegang microphonenya sayang" kemudian ibu Ririn meraih tangan ibu Vina di bahu kiri Nayuwan, dan tangan pak Hidayat di bahu kanan Nayuwan. Dengan susah payah Nayuwan berusaha mengurangi senggukannya.
__ADS_1
"Hampura neng bu, hikss hampura sok loba nyusahkeun, hikss loba ngarudetkeun, mineng ngariweuhan ku cara sok nitipkeun Nadia sareng Alea ka ibu hikss. Hampura neng hiks nepi ka danget ayeuna neng can bisa mulang tarima, can bisa nyenangkeun anu jadi indung, can bisa nyugemakeun. Hampura neng sok kadang sentak sengor ka ibu hiks sok luh lah mun ibu miwarang ka neng, hiikkks,..hampura neng sok ngalawan dina mangsa teu panuju jeung kahayang diri neng, hampura sagala dosa-dosa neng anu lobana leuwihan tina kesik di basisir. hiks.." (Maafkan neng bu, maaf sudah banyak menyusahkan, banyak membuat jengkel, suka membuat repot dengan cara menitipkan Nadia dan Alea ke ibu. maafkan neng sampai masa sekarang, neng belum bisa mengembalikannya. belum bisa membuat ibu bahagia, belum bisa membuat ibu nyaman. Maafkan neng kadang suka membentak ibu, suka banyak alesan saat ibu meminta tolong ke neng. Maafkan neng suka melawan di saat tidak sejalan dengan apa yang neng inginkan. Maafkan segala dosa-dosa neng yang banyaknya melebihi pasir di pantai.)
...****************...
__ADS_1
sarangheo 😍